Diserat Ku Wawan Setiawan Husin

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # IMAH LIMA KAMAR #

“Héran, kamar tamu diogo. Sarareungit, keramikna hérang jasa. Teu siga kuring diképrét karbol deui. Deui karbol. Sabun cuci, sabun mandi. Curcor, cai deui, baseuh deui. Dapur diogo. Saban poé, dinangna-néngné. Panci Présto mahal, Katél Jepang, awis. Kompor gas jutaan. Kitu deui lomari és. Dielapan, diwowoy tonggoy. Kamar saré, tempat ngimpi. Ranjang raja, simbut ratu. Dutdalitdut, maén gundu. Bola sodok, bilyar alam. Kamar tengah diTiPian, Karaokéan, Méja-makanan”, ceuk Ka Kus humandeuar.
Lancah, ngajawab, antaré jasa,”KaKus, cing iatna,.. manya MoDol, di kamar tamu. Teteregeng, Ngaheujeun, MarareDut, di hareupeun kéler semprong, kaléng Khong Guan. Go Blogging pisaning. Nyeuseuh, Mandi, Ngumbah jejeroan,di Kamar Saré? Gering atuh. Rék lalajo méngbal, bari masak? Rék nyebentar di dapur? Deuh matak BRA-ng, BRÉ-ng, BRO-ng? Panci Katajong, gelas Karéngkas! Cing mikir, maenya Karaokéan Léléndéan, Pakupis-makupis, di Luhureun Mesin Cuci?” Nu Digelendeng Unggut-unggutan.
Rekét panto WC, muka. Ka Kus Nyenghél, si Geulis Pipis.

“Cunihin,..” ceuk Cakcak. Ngajebian. Wéswéswéwéssss…