Diserat Ku Tatang Sumarsono

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin #Kang Kosim 2#
Ku jaksa mah, tangkal peuteuy gé sieuneun. Mun geus manjing umur tacan buahan waé, tangkal peuteuy kudu diancam ku anu bogana, “Awas, dituar siah! Rék dijieun padung jaksa!” Ngan poma, kudu aya anu surti, laju gancang ngahulag, “Ulah dituar, lebar. Engké gé mo burung buahan, geura.”
Tah, Kang Kosim pasarandog jeung anu ngajingjing kampak.
“Badé lajeng ka mana Abah téh?”
“Rék nuar tangkal peuteuy anu di juru kebon. Keur padung jaksa.”
“Oh, sumuhun.”
“Bongan teu buahan waé.”
“Jih, saé.”
Mureleng, bakat ku teu panuju. “Éh, ari Ujang, bet teu surti. Carék atuh Abah téh. Carék. Tong cios dituar, kituh! Engké gé bakal mulang tarima éta tangkal peuteuy téh. Tah, kudu kitu Jang Kosim nyarita ka Abah téh. Sok balikan deui!”
“Sataktosna, Bah. Leres teu kedah dituar.”
“Tah, genah ayeuna mah kadéngéna. Jadi, ulah dituar atuh nya, Jang? Heueuh atuh, moal. Pokona, lamun engké buahan, Jang Kosim rék dihancenganan sahanggor.”
“Alhamdulillah.”

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s