Diserat Ku Puja Wardana

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Caang Panonpoé #

“Wilujeng énjing, good morning, selamat pagi!” Panonpoé méré béja ku haneutna. Braay… Caang! Panon poék jadi baranang. Nu kuleuheu diteuteup diusap sangkan hérang. Cai katingali, mangsana ngudag dunya. “Heup, mun wanci keur satangtung! Pék ilikan kalangkang anjeun!” Kila-kila ti panonpoé. Asal ti mana, mulang ka mana?

Nu lolong ngajorowok, “Gandéng, ah! Nu mana panonpoé téh? Kumaha wujudna? Beurang jeung peuting gé teu apal!” Panonpoé muncereng molotot, “Tah, rasakeun haneutna kula! Déngékeun ku anjeun! Sora réang mangsana beurang, wanci jempling hartina peuting. Panas kula lantis ku tiris!” Nu lolong seuri tuluy indit.

Wanci sariak layung. Panonpoé lumpat ka wétan, siga nyumput deukeut laut. ” Tah, deuleu layung beureum! Kula siga di sagara. Beureum jeung bulao, eureun jeung tungtung panénjo. Laut ti laut, poék ka poék, caang mulang ka caang. Ngudag purwadaksi, balik tangtu ati-ati!” Panonpoé ngaharéwos tuluy ngaléos. Less… Jempling nyampeurkeun peuting.

tulis