Diserat Ku Nak Kurniawan

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Ngobrol #

Panggih di jalan jeung manéhna nu kungsi ngeusian haté. Dideukeutan. Rék ngedalkeun kasono. Ngaréndéng. Maling rérét. Lieuk. Nyéh imut. Sérédét.

Rék gagaro hése, ongkoh teu ateul. Hayang ngajorowok, ngan sora kabawa angin. Nu diajak ngobrol sakapeung teu nyambung. Ngawanikeun nanya, susuganan, “Dupi Nenti, ayeuna tos nikah teu acan?” kuring ngagaléong. Manéhna ngagibeg, siga ngahuleng, “Nembé gaduh hiji, yuswana sataun”. Beu! geus kawin gening. Kapiheulaan batur.

Manéhna ayeuna mah jongjon, neuteup ka hareup. “Aa, atos heula nya ngobrolna, Nenti tipayun.”, méngkolkeun harepan, “Muhun atuh, ati-ati di jalan nya!”,ngajauhan. Ah, Teu nyalsé ngobrol téh, caba karéwong kunu raéng tukangeun, “Montong ngagokan batur atuh! Rék ngawangkong mah di imah, tong di jalan raya! Picilakaeun!” ceuk nu tatadi nglaksonan, bari ngabadug kana spion.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s