Diserat Ku Hadian M Sulaeman

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

FIkmin # Khusnul Khotimah #

Saprak ka luar ti pangbérokan, alatan maéhan pamajikan jeung batur rucahna. Jelema sakampung, nu balageur jeung saroméah. Mimiti arunggah adat. Paamprok di jalan, bujeng naros atawa seuri. Puguh ngadon mariceun beungeut bari sinis. Teu saeutik nu ngusir. Teu pati dipikiran. Sab, percaya kana welas asihna Gusti Nu Maha Suci. “Mun geus cunduk kana waktuna, sagalana bisa robah. Tinggal uingna sabar jeung tawekal.” gerentes téh.

Geus sataun campleng, didoja. Haté leutik hayang ngajerit maratan langit, ngocéak maratan jagat. Uing teu geutas harupateun komo kuméok méméh dipacok, kana kaayaan nu karandapan. Satutas ngurus sawah titinggal kolot, waktu téh dibéakeun di jero masjid.

Meujeuhna panas mentrang-mentring. Rérés salat salat lohor. Jongjon diuk bari sila, menekung ka Gusti. Dumadakan. “Kariiim…, ka luar kéhéd! Warga geus ijid tempat sucina, dikotoran ku silaing! Duruk…, duruuuk!” Jelema tinggorowok. Ngadéngéna lin sieun. Uing beuki manteng ka Gusti Rabbul Ijati. Teu maliré, kana seuneu nu geus ngabébéla dina awak.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s