Diserat Ku Aan Abdulloh

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Tuyul Magang #

Bah Daim cilingcingcat. Siga hayam keur kumahkar. Lajag-léjég di tepas. Sakeudeung. Bus, ka patengahan. Gék, diuk na korsi. Padudan napel na biwirna. Pérépét, diseuseup. Pfffuh! Ditiupkeun, haseup mulek. Rumahuh, miceun bangbaluh.

“Liar kamana atuh? Wayah kieu can mulang kénéh.” Bah Daim gegerendengan.
Panonna ngarérétan jam nu naplok na témbok.
“Jaba geus ngagayuh ka subuh. Kéder kituh? Beu, palangsiang katalimbeng di imah batur? Jaba tuyul mahal deuih éta mah.”

Kirincing! Kikirincingan nu dipasang na panto gerbang sasada. Tanggara tuyul mulang. Bah Daim ngojéngkang ka kamar.
Rekééét! Bray. Témbong tuyul keur nyanghunjar mencétan bitisna.
“Bagéa, Yul! Geuning telat?” Bah Daim nalék. Sor, ngasongkeun Kratingdaéng.
Kratingdéng ditampa. Leguk! Tuyul nginum semu hanaang.
“Hapunten, Gan. Abdi lunta tebih. Dinu caket mah seueur saingan.” Pokna.
“Oh, sok atuh udud heula Yul.” Bah Daim ngasongkeun A Mild.
“Moal ah, Gan. Abdi mah teu nyesep. Sieun keuna kanker laryng.” Tuyul nolak.

“Mana atuh ladang liar téh, Yul?”
Tuyul ngasrogkeun karung. Dibuka. Diudulkeun. Eusina kartu ATM hungkul.
Bah Daim colohok.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s