Diserat Ku Teh Zaneta

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Longkéwang #

Gurinjal hudang. Uyup-ayap. “Araya kénéh ja.” Manéhna ngagerendeng. Blak jandéla dibukakeun, angin isuk ngahiliwir. Rintih.
“Geulis, kasép, hampura ema nya.” Leungeunna ngusapan barudak nu ngagagolér gigireunna. “Mandina kiwari baé, ngarah seger. Kamari ema teu kaburu mandian maranéh, capé. Deuina gé, caina gé euweuh ding.” Leungeunna pindah kana samping lojor nu nyimbutan anakna, dihadékeun.
“Ema jangji, ti ayeuna maranéh moal ngarasakeun kapeurih hirup. Ema teu idin maranéh careurik lantaran haranga. Komo lantaran panyiksa lahir batin ti jelema nu dipikanyaah. Cukup ema nu ngarasakeun. Nyeri! Sing tibra héés tah, ku ema dibaturan nya.” Manéhna ngarongkong botol héndépeun ranjang. Matana seukeut ngajeueung gambar tangkorék disilang.
“Ieu ubar urang matih jasa barudak.” Lekik ditotor.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s