Diserat Ku NDod

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Sésa nanjeur #

“Bapa! Mana Mamah?” Unéh, nu bungsu ngarenghik. Sono ka indungna, teu mulang tilu poé.
“Nyimpang ka Ené panginten Nyi!” Karasa haneut na kongkolak. Ngabalieur, teu wasa katingali ku budak.
“Badé ayeuna diséka Pa?” Unéh nanggeuy baskom. Cai haneut.
Parigel. Dua taun ngurus Bapa. Teu walakaya. Lumpuh.
“Nuhun geulis!” Gabrug. Rambisak.
Nyawang keur sagala nanjeur. Kahéman teu weléh nyampak ti indungna.
“Pap! Iraha atuh gentos mobil? Isin ku tatanggi!” Baeud.
“Mam, mobil urang jagjag kénéh” leuleuy.
“Hoyong siga Gan Jumri, kaluaran énggal!”
“Eum ah! Sok panasan.”
Tara beunang dipungpang. Ngejat ti imah. Mulan-malén.
“Gusti!” Sumerah. Nangkarak, niténan waruga kari kulit mungkus tulang.
“Badé kamana deui Mam?” remen dangdan unggal poé.
“Tataros sagala, keur usaha kuring téh bongan ngajoprak waé!” Gejlig. Teu miroséa.
“Yaa Raab! Mugia aya dina kasalametan.” Les. Pararoék, karasa kumalayang. Ngajomantara.
“Bapa!” Hawar-hawar Unéh ngajerit.
Ukur kelir bodas sabudeureun. Awak hararampang.
“Pileuleuyan anaking!” Ngajorélat cahaya kadeudeuh. Na linduh kanyaah.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s