Diserat Ku Ky Chan

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Kabayan ka Pasar #

Pasosoré.
“Kumaha atuh Kang, geuning teu payu dagangan urang téh?” Iteung humandeuar. Kabayan, ngahuleng. Abah jamedud pipir hawu.
“Teu bareukieun daun sampeu sugan urang dayeuh mah?” Uleng.
Nyéh seuri, tuluy ngageroan Abah, Iteung jeung Ambu. Wanci nyérélék. Basa éntog mulang ka kandang, marengan jaér mundur dina balong. Opatan angger anteng badami. Tonggérét kareungeu ngagérét nyumangetan. Sapuk.

Isukna. Rebun-rebun miang. Anjog ka pasar. Nyi Iteung muka gembolan dina karémbong kayasna.
“Kadarieu, baradé yeuh?” Kabayan ngagorowok, kembang boléd dikaluarkeun jeung kembang gadung. Rob, pada ngariung. Sabeulahna, Abah jeung Ambu paciweuh ngaladangan nu mareuli buah kawung, daun pulus jeung, kacapiring.
“Kembang tanjung?” Aki-aki ngetruk iteuk tilu kali.
“Ayaaa, kalem!” Nyéréngéh.

“Wilujeng patepang sono nya!” Kabayan ngagupay ka nu aya dipasar.
“Aduh manis pisan mun unngal poé jiga kieu nya, Kang?” Iteung ngaléng leungeun. Dituturkeun Abah jeung Ambu, mulang deui ka lemburna. Mucekil.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s