Diserat Ku Emi Maryami

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Sobat #

Hapéna gégéréwékan sabot manéhna tonggoy ngahanca pagawéanana. Layar hapé nu kucap-kicep téh dirérét, aya ngaran sobatna di dinya. “Halo, Ta!” pokna. “Ulah anteng teuing gawé! Makan siang, yu! Saya keur pulang kampung, yeuh!” Wita, sobatna nyoroscos. Méméh ngajawab manéhna ngarérét heula kana jam, “Siap! Di tempat nu biasa wé, nya?” bari tuluy bébérés. Di tempat nu geus dijangjikeun, Wita diuk dina korsi pangjuruna. Gugupay basa manéhna datang. Dina méja geus ngabarak rupaning kadaharan. “Hajat, Ta?” manéhna kerung. “Bongan dirimu begang waé!” Wita nu beuki donto némbal dibarung ku seuri. Manéhna nyéréngéh. Balakécrakan lekasan. Duaan tuluy asup ka toko kosmétik. Manéhna nunutur sobatna nu keur pipilih produk. “Yeuh!” Wita ngasongkeun krém. Manéhna nampanan tuluy neuteup ka Wita. “Ngarah wajahmu kembali bersinar!” Wita nyeletuk bari nyakakak. Manéhna seuri konéng bari neundeun deui krém kana tempatna. “Sakumaha paitna gé kanyataan, lain hartina kahirupan kudu eureun ngamalir!” Wita nyeukeulan dua leungeun manéhna, pageuh.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s