Diserat Ku Dawalla Guru Dewa

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Nu Kaleleban #

“Kembang asih di mumunggang, katebak angin ngadalingding, oyag-oyagan lir nu ngagupayan, siga jajaka anu rék amitan…” Sora Jang Ona ngalaeu di saung sawah. Artis lembur nu geus kacapangan ku balaréa. Sorana ngabanding Sang Fenomenom Calung (Darso). Matak muringkak nu ngadanguna.
“Hadééé, Jang. Sora téh…!” Mang Watma, nyampeurkeun. Nepakan taktakna. “Iraha, rék nabeuh deui? Béjana rék diondang ka dayeuh?” Gék diuk hareupeunna. Soma ukur seuri.
“Ényaan, Nyi Ésih bakal leuwih geugeut wé ka Jang Ona, mah! Geus mah Artis, sorana hédéd, katambah kasép deuih…!” Mang Oman, hanjat ka saung. Nu dipuji cungar-cengir. Tuluy malédogkeun teuteupna ka awun-awun. Nyérangkeun nu can kasorang. Matana dumadak beueus. “Aéh, naha kalah ngahuleng Jang? Hayoh, tabeuh deui! Ganti laguna ulah ‘Kembang Asih’ waé! Ku lagu ‘Oplosan’ kali-kali mah.” Ger, nu dariuk di saung tingbarakatak.
“Deudeuh teuing, deudeuh teuing… Nu amitan henteu ditemonan..!” Jang Ona neruskeun haleuangna. Bari nakolan janggal jagong nu ditiiran. Badis calung.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s