Diserat Ku Ai Wawang

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Kado Istiméwa #

“Sindang ka toko Mupakat, Kang. Antos sakedap….”
Cekéng. Motor nyisi. Gancang asup ka jero, milihan selémpak salosin. Srog ka kasir. “Punten bungkusan satengah-satengah, Néng. Kertas kadona anu kayas!”

Parigel pisan, selémpak geus dibungkus lucu nakeran. Di luhurna dipapaés pita beureum. Créng dibayar. Bus, kado dilelepkeun kana kantong. Léos, muru anu nungguan di parkiran.

“Euleuh geuningan dijilbab? Da anu kamari ka dieu mah rambutna ogé panjang, Téh!”
Cenah, bari ngahahah genah nakeran. Dipairan ku nu séjénna.
“Muhun, anu anom mah diléjing nya hahaha….”
Tara ieuh dilayanan. Keun baé da ukur heureuy. Teu anéh, ari pareng tepung jeung babaturan salaki sok pada ngagonjak téh. Pernah kétang ngomong ka salaki, “Kunaha hareureuy téh kabarina-bina?”
Ukur ngajawab, “Mamah mah bageur tara nganggap enya, kapan pernah istrina pa Maman mah ngamuk, samarukna enyaan!”

“Mah, Pa Jaja jeung Pa Suryana kacow deh, istrina manggihan kado dina kantongna!”
“Kado kayas nya?” Salaki unggeuk.
Berebet ka kamar. “Satu sama….”
Ngagéréwék.
“Jadi?”
Salaki ngudag.
“Jadi lunas hahaha….”

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s