Diserat Ku Neneng Yatikurniati

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Pokona Mah Tulungan #

Mun pareng jalan-jalan jeung barudak, ningali baramaén, sok ngahaja nitah barudak mikeun duit ka baramaén. Maksud téh supaya tumuwuh rasa nyaah ‘na haténa keur jalma nu keur kakurangan. Biasana si Aa jeung si Adé sok paheula-heula mikeun.
Ceuk paribasa, roda berputar. Nyaan karasa, bulan ieu meni loba pisan pangabutuh nu teu disangka-sangka. Jaba risiko nu sasari saperti listrik, koran, jeung cai can dibayar. Keur mikir kumaha carana néangan duit, torojol si Aa balik sakola. Ngaléndéan bari pok,
“Bu, Andi, réréncangan, sapatuna meni tos rangsak pisan. Tadi, ditaros nomer sabaraha sapatuna. Saurna nomer 37. Ku Aa disebatkeun, énjing dipangmésérkeun ku Ibu.” Ngalenyap, tapi unggeuk tur imut, sanajan kapaksa.
Bérés sholat ngadunga bari cirambay,
“Gusti…! Abdi nyungkeun tulung. Kedah kumaha supados tiasa mésér sapatu keur Andi. Abdi hawatos upami si Aa kaééraan. Mung Gusti nu tiasa nulungan abdi. Pokona mah tulungan abdi, Gustiii…! Tulungan…!” Hariwang, sieun teu diijabah.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s