Diserat Ku Ky Chan

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Budak Leutik jeung Kalangkangna #

Nyelap dina haliwu, nalika aya nu seuri, pasti aya nu ceurik, dialokan ku nu surak. Nya, ieu dunya, ramé nakeran. Béh wétan, budak leutik pahatulalis ngadingdiut, jalan keur mulangna ngaheureutan, ti ngabulungbung jadi satapak, tuluy leungit mangsa kareungeu kecap “nyingkah!” Ti nu haat ngarawatan. Nu kamari méré tempat keur ngiuhan, jeung nyimbeuhan ku sésa-sésa nyaahna.
“Uing diusir?” Rumanggieung. Nanya ka daun nu unggut-unggutan kagedag angin. Leumpang deui, tuluy nanya ka jukut riut,
“Nyaan?” Ngariut basa ditoél.
“Kudu kumaha atuh?” Daun pulus ngulang-ngulang. Disampeurkeun,
“Yeuh.. Kudu kieu.” Pepeta. Budak leutik kerung.
Hadé philosofna mah, ngan asa teu percaya, ari kaluar tina daun pulus mah. Da mun nya mah alus, geus parentul dina pot kembang di unggal imah.
“Tong sieun, pan aya uing,” oyag kalangkang, ti dangdaunan, ti diri nu diaping ku yakin asih Gustina. Reugreug.

Budak leutik, lunta beuki jauh, beuki jauh. Dituturkeun kalangkang bihari, nu ngarti jeung satia. Najan ilang sakedap, tuluy cicing ngadagoan, mangsa cahya ngahibaran deui ragana. Nya, kalangkang nu sok ngabéjaan. Yén dunya téh lega, lega pisan.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s