Diserat Ku Eni Setiani

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

FIKMIN # NU NAGIH JANGJI #

Peuting mingkin jempling, nu kapireng ukur kérésékna kalakay daun awi nu murag ninggang régang. Marni hudang tina pangsaréanana. Réma-rémana ngorowotan taneuh beureum nu ngurugan awakna. Pecenghul dua leungeunna, dituturkeun kukuncungna. Jleg, di luhureun kuburanana. “Peuting nu sampurna,” gerentes Marni. Terus ngalaanan tali-tali boéh nu masih nyangreud. Ti kajauhan sora anjing nyungungung. “Ulah geruh, Jing! Kuring moal ngarah manéh, moal ngarah kolot nu teu satuju ka kuring.” Marni gumarendeng. Kalayang…, jleg, di buruan imah Mardi. Nyidik-nyidik ka jero imah, Mardi suwung. “Jig ka mamana gé diudag siah! Bongan gedé wadul, cenah deuk paéh babarengan, geuning datang karéta-api mah bet ngoréjat, terus nyingkah!” Marni kekerot. Terus ngalayang deui. Rét ka barudak bujang nu keur halihitaran, katingali aya Mardi ngojéngkang. “Kéla euy, arék kiih heula!” ceuk Mardi, ngaléos. Nepi kana dapuran tangkal cau, pas rék muka sléting, teu tata pasini, Marni nyekék Mardi bari ngaharéwos, “Urang sasarengan salawasna téa, Kang!” Kek, kerejet. Les.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s