Diserat Ku Deni Riaddy

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

PEDARAN PINUNJUL SAÉMBARA FIKMIN HOROR

Saémbara Fikmin Horor hasil gawé bareng antawis Kuncén FBS sareng Yayasan Mataholang, parantos lekasan. Sakumaha nu kauninga, pinunjulna parantos dibéwarakeun wengi kamari. Ayeuna mah tinggal sim kuring baé nu hulang-huleng sorangan ieu téh. Asa lalewang, asa aya kénéh kapanasaran, hayang nembrakkeun pamanggih pribadi sabadana réngsé mancén tugas salaku Girang Pangajén.

Sakumaha nu dipedar dina béwara Fikmin Nominasi, fikmin horor ti para patandang téh loba nu teu kaasup kana katégori horor. Malah disebutkeun, leuwih ti satengahna nu teu nyumponan kana syaratna ogé. Mun seug nilik data asupna naskah kana méja panitia, H-2 aya 7 naskah, H-1 aya 3 naskah, H-0 aya 16 naskah. Hartina, dina pitilupoéeun deui kana ‘gurat-paeh’ (enya kitu éta téh tarjamahan tina ‘dead-line?), mayoritas patandang karék ngarapungkeun fikmin jagona.

Ceuk pamanggih sim kuring mah, jigana aya dua hal nu matak kituna téh. Kahiji, sab naskahna dikeueum heula sangkan asak dina waktuna. Alus lamun kitu téh, asal ulah dikeueum tapi teu dilieuk-lieuk acan, jajauheun kana diropéa heula mah.
Nu kaduana, sab memang ideuna karék nyampak sapada harita, tutas noongan karya batur nu geus ngarapung tiheula. Tapi, jawaban nu pastina mah, aya dina diri patandang séwang-séwang.

Tah, kabetot ku rasa panasaran éta, sim kuring jadi hayang medar, ku naon sababna ieu fikmin nu tilu téh bet jadi pinunjul dina ieu saémbara? Numawi kitu, sim kuring nyuhunkeun diwidian ku réngréngan Kuncén FBS, kanggo ‘ngabelék’ tilu naskah fikmin nu janten jawarana. Pamugi ieu kotrétan téh sing aya mangpaatna baé kanggo balaréa.

Istilah Indigo diwanohkeun ku Nancy Ann Tappe, dukun (cenayang?) ti Amerika. Dina warna, indigo téh ngadumaniskeun antara warna bulao jeung bungur (Nila=basa Indonesia). Éta dua warna téh nu ngawakilan karakter kolot atawa jalma nu déwasa. Jadi hartina, indigo téh budak nu geus asup kana alam jeung pikiran kolot. Cindekna mah, budak nu miboga kamampuhan di luar wates barudak normal séjénna. Contona, hiji budak nu ngagunakeun basa Indonesia atawa basa deungeun kalayan lancar. Padahal, sapopoéna dina hirup kumbuh di sabudeureunana téh, biasa nyarita ku basa Sunda.
Ku élmu psikologi, kamampuh budak indigo téh dijéntrékeun kieu:
1. Prekognision
Kamampuh nu bisa nempo kajadian poé isuk atawa pagéto. Cindekna mah bisa nyaba ka alam nu can kungsi kasorang.
2. Retrokognision
Kamampuh nu bisa nempo kajadian nu geus lawas atawa nu kungsi kasorang.
3. Klervoyans
Kamampuh nu bisa nempo kajadian nu keur lumangsung harita di tempat anu béda.
4. Mediumship
Kamampuh nu bisa komunikasi jeung roh jalma nu geus maot.
5. Psikometri
Kamampuh nyaliksik informasi, ogé komunikasi jeung objék naon waé.
6. Telekinetik
Kamampuh nu bisa ngahirupkeun barang naon waé ti kajauhan.
7. Sugesti hipnosis
Budak indigo nu bisa ngahipnotis saha baé ku kamampuh telepatina. Bisa komunikasi langsung jeung Khalik-Na. Sab, sirahna téh mangrupa cakra makuta nu mangrupa panto komunikasi jeung Khalik-Na.

Sim kuring perlu nétélakeun ieu perkara téh, sab fikmin horor (pinunjul utama dina Saémbara Fikmin Horor Kuncén FBS- Yayasan Mataholang 2014) nu rék dipedarna nyaritakeun budak indigo.

“INKA”, yasana Zénzénz Zaé Slalu Ada

Inka kungsi pahareup-hareup jeung hiji panto anu biheung dimana. Siga dina impian, tapi nyata pisan. Di dinya sakabéh tempat asa euweuh tungtungan. Abstrak. Kolétrak, barang asup, tihang-tihang cahya ngabagéakeun. Tihang cahya nu narojosan panonna. “Di dieu caket pisan sareng gerbang tiga diménsi, Pa!” ceuk Inka ka guruna sabot digeroan ka Ruang BP.
Kajadian-kajadian ka tukang, kalan-kalan ka ungkab deui. Inka nyaritakeun kajadian entas balik sakola minggu kamari. “Suka Flash Back gitu déh Pa” cenah.
Inka tumpak motor. Barang liwat ka pengkolan Sajong, béh wétaneun Garawangi. Kajadian-kajadian kacilakaan di éta tempat tumerap ka Inka. Nyarumahan tur nyubadanan kana jero pikir Inka. Inka milu ngarasakeun pak lenyap nalika motor kacilakaan tekor méngkol, temahna motor marud jalan. Gusrak ka banting ka solokan. Inka ngoléang, Inka ngarenjag digeuingkeun ku Novi. Istigfar.
“Aya nu nuturkeun Inka ti Kaduagung, ayeuna nuju di kelas Ipa satu. Pengen punya temen katanya Pa!” tuluyna bari nyéréngéh ka tukangeun guruna.

Ditilik tina plotna, ieu fikmin karasa ngageleser. Lempeng. Matak genah dibacana. Nyaritakeun budak sakola nu dipanggil ka ruang BP bari dibarengan ku guruna. Bari leumpang, éta budak ngadongéngkeun sagala rupa kaahéngan hasil toonganana ka guruna, bari maké basa budak nu polos, basajan jeung poksang. Taya nu didingding kelir. Pangarangna teu wanieun mangaruhan fikminna ku basa pangarang nu geus kasebutkeun rumaja-déwasa. Teu hayangeun ogé nyarita ku basa sunda nu lemes, ilaharna ngobrol jeung guru.

Sanajan “INKA” diwangun ku 150 kecap (luyu jeung papagon fiksimini) katapisan pangarangna lebah dieu karampa pisan. Kamampuh nu leuwih (sakumaha nu dipedar dina élmu psikologi di luhur) ti saurang budak indigo, kasair kabéh. Geura, nya, urang bedél.

Kalimah munggaran dina bubukana téh jiga kieu: “Inka kungsi pahareup-hareup jeung hiji panto anu biheung di mana. Siga dina impian, tapi nyata pisan. Di dinya sakabéh tempat asa euweuh tungtungan. Abstrak. Kolétrak, barang asup, tihang-tihang cahya ngabagéakeun”. Ieu kalimah luyu jeung kamampuh psikométrik. Benda naon waé bisa jadi batur ulin atawa batur ngobrol.

“Di dieu caket pisan sareng gerbang tiga dimensi, Pa!” Lebah dieu aya dua kamampuh sakaligus nu diébrehkeun ku pangarangna. Kamampuh sugéstif hipnotis jeung nuduhkeun jalan sangkan deukeut jeung Khalik-Na

Kamampuh prékognision jeung retrokognision, ditembrakeun ku pangarangna dina kalimah-kalimah: “Kajadian-kajadian ka tukang kalan-kalan kaungkab deui…” Atawa dina kecap “Suka ‘flash back’ gitu déch, Pak.”

Kamampuh mediumship diwakilan dina kalimah: “nyarumahan tur nyubadanan”. Nu pamungkas, kamampuh télékinétik, diwakilan ku kalimah pamungkas “… tuluyna bari nyerengeh ka tukangeun guruna”.

Kalimah pamungkas ku pangarangna jiga nu ngahaja teu dijadikeun rénjagan. Cék toongan sim kuring, lebah dieu pangarangna ngarasa ngaregog rék dijelegurkeun téh. Ngaregog alatan inyana apal, yén dina ageman Islam mah, manusa nu boga kamampuh siga kitu téh teu aya deui, iwal ti Rasululloh SAW, sabada dipasihan Rohmat ku Alloh Nu Murbeng Alam.

Pikeun sauingeun, ieu fikmin lain ngan sakadar muringkak, tapi ogé matak ngeleper. Kabayangkeun mun éta budak nu indigo téh, hiji waktu kadatangan duka teuing ku saha, nu ngiberkeun hiji sungkawa nu bakal karandapan isuk atawa sababaraha jam deui, boh ka dirina atawa ka kulawargana.

Nalika pedaran di luhur, kuring yakin ieu fikmin horor téh cumpon jadi pinunjul utama.

  1. “NU NYUMPUT TUKANGEUN HALIMUN” yasana Ima Komala Déwi
    Peuting kalima waktu panggih jeung manéhna. Tanaga suda, awak raca. “Dipilarian ti kamari, kamana heula?” pokna bangun loma. Nyaan muringkak, wanoja lenjang nyoréndang pedang, di tengah leuweung geledegan. “Tong sieun, kuring sami sareng salira.” Sidik lain ririwa, da basa kuring (api-api) tikoséwad leungeunna tapis ngarawél, (asa ngusapan sutra, deg-deganna manjang nepi ayeuna). “Tebih kénéh?” Lah mun seug lain lalaki, hayang ménta digandong da. “Sakedap.” Ajeg museur, semu ngaharéwos kana angin, “sampurasun…” Halimun peuray disieuhkeun hawar tarawangsa, mangréwu lumar ngembat parat ka tegalan. “Tuh, tos diantosan.” Enya wé, barudak nu mangpoé dicalukan nepika peura keur aranteng ngéngklak muteran durukan. “Buru, bray! Didinya nyasab nya?” Galih ngagorowok pangtarikna. “Si Géhél! Boro aing hariwang!” Seuri téh dihatéan ayeuna mah. “Tos, teu kedah hariwang,” manéhna mairan “Tim SAR tos dugi lokasi, mugi énjing siang salira saparakanca tiasa disampurnakeun.” Ngahuleng sajongjonan. Di tegalan tempat barudak ngéngklak, teu katémbong kekebul sakeprul-keprul acan.

Téma nu dipedar dina ieu fikmin, nyaéta lelembutan nu ngajanggélék jadi wanoja nu nyorén pedang. Nulungan Tim SAR nu keur néangan korban kacilakaan, nu taya lian babaturanana kénéh. Sanggeus kapanggih TKP-na, horéng si korban mah kabéh ogé geus taya dikieuna.

Basa aya kajadian kapal Sukhoi nu ragrag di Gunung Salak, Bogor, loba kabéjakeun carita-carita nu ahéng. Ngan, kalolobaanana mah, caritana téh dihihileudan ku nu ngageugeuh di éta tempat. Harita pas kajadian, loba anggota Tim SAR nu ngadongéng kumaha hororna ieu gunung.

Sétting ieu fikmin, nyokot tempat di leuweung geledegan. Ngan anjog ka TKP, bet aya tegalan tempat barudak ngéngklak sagala. Moal boa ieu sétting téh sabenerna nyokot salasahiji lokasi “camping-ground” nu aya di hiji gunung?

Plot caritana mah sabenerna genaheun. Ngaguluyur. Ngan lebah ngadéskripsikeun aya wanoja lenjang, sim kuring bet jadi mikir (manglebarkeun ti dituna mah), ku naon teu diperankeun ku Nini-nini atawa aki-aki nu jagjag waringkas, sakitu turun-unggah gunung? Jeung lamun aki-aki atawa nini-nini mah ongkoh mawa pakarang nu pantesna ogé sabangsaning arit atawa bedog. Sanajan kitu, déskripsi ieu téh teu pati ngaganggu teuing kana carita nu sagemblengna.

Sakali deui upama ditilik tina jiad intrinsik – – boh téma, latar atawa plot – – ieu fikmin geus nyumponan sarat fikmin nu hébring. Pamaca diajak nyaba ka hiji leuweung gerotan bari disuguhan ku paguneman-paguneman nu meper kasieun tokoh “si kuring”.

Dina milihan kecap, pangarangna wani maké kecap-kecap nu ngawirahma, utamana dina prolog. Hiji hal nu kudu dibéré aprésiasi. Sab, dina carita horor mah, biasana sok maké basa sapopoé anu leuwih deukeut kana garihal. Maksudna, sangkan leuwih ngadeukeutkeun pamaca kana kaayaan nu matak nyeblak kana haté, jeung ratug jajantung nu beuki ngerepan. Sanajan kitu, katémbong basa nu dilarapkeun dina pagunemanana geus make basa loma atawa conggah.

Dumasar kana pedaran di luhur, teu salah upama sim kuring, milih ieu fikmin pikeun jadi pinunjul satata.

  1. “PURIDING-PURINGKAK” yasana Néni Yuhaénah

Sret, hardéng ditutupkeun. Kareungeu aya sora awéwé ngabangingik semu kanyenyerian. Rey, keueung. Kabeneran di imah keur nyorangan. Lah-lahan nuturkeun datangna sora. Karék gé ngaléngkahkeun suku, pes, lampu pareum. Nu ngabangingik jempé, diganti ku sora brag-brig-brug di para, siga nu galungan. Puriding, ambekan rénghap-ranjug. Keur rumpu-rampa néangan batré, pelengseng bau hangru minuhan rohangan. Kasieun jeung hayang ongkék, adu-regeng, nyelek. Sanggeus batré kacerek, disorotkeun ka lebah kamar mandi. Méméh asup, kadéngé aya sora nu keur nginum mani ngalekik. Bray, panto dibukakeun, euweuh nanaon, ngan bak nu tadina pinuh ku cai, nyésa satengahna. Keur ngaluarkeun eusi beuteung, karasa ceuli aya nu niup, tiis. Puringkak, ngayekyek. Bari jeung leuleus, maksakeun ngaléngkah. Karék gé kaluar ti kamar mandi, sora nu nginum kadéngé deui, dibarung céplak. Dibatréan, angger teu kaciri nanaon. Lila-lila aya nu ngabelegbeg. Panasaran, disidik-sidik. Bréh, aya létah panjang keur anteng nginum. Sirahna bijil tina témbok nu rata.

Nu dijadikeun téma dina ieu fikmin: aya nu maturan tokoh “si kuring”, ti mimiti nutupkeun hordéng nepi ka kamar mandi. Konflik dimimitian ti kalimah nu kadua: “Aya sora awéwé ngabangingik. Dituturkeun ku datangna sora brag-brig-brug di para”. Pangarangna ngahaja nambahan kaayaan ku pareum listrik, sangkan hororna beuki leuwih karasa.

Ku sim kuring, ieu fikmin digolongkeun kana carita horor murni. Téma, plot, ogé latar nu dipaké ku pangarangna, ngahaja dijieun sangkan nu maca ngarasa panasaran maca nepi ka tamat, bari jeung teu kateguh saha nu maturan tokoh “si kuring” téh.

Rénjaganana beunang. Sora nu céplak, bau hangru, jeung ngalekik nginum, dipungkas ku ngajirimna nu boga létah panjang, sarta sirahna bijil tina témbok. Lebah dieu pangarangna tapis. Rénjagan teu dibikeun kabéh, tapi dijadikeun “oléh-oléh” pikeun nu maca. Saha sabenerna nu “ngabaturan” manéhna téh?

Sakali maca, sim kuring ngabayangkeun létah maung. Dua balénan maca, sim kuring meunang kecap koncina: ceurik ngabangingik, bau hangru, létahna panjang. Moal salah deui, pasti Nyi Kunti (Kuntilanak dina basa Indonesia mah). Tapi naha bet kudu brag-brig-brug di para? Paséa jeung beurit? Maca nu katilu balénan, jadi ngabayangkeun nu henteu-henteu. Hiiiyyyy, horor…!

Fikmin horor kacida nu kuat dina plotna. Nyuguhan horor ti kalimah munggaran nepi ka nu pamungkas. Hanjakal, aya sababaraha kecap nu maksa pamaca (ogé sim kuring) ngarasa sieun. Asa jadi disingsieunan heula. Nu satadina kaayaan horor ogé jadi kagareuwahkeun.

Kukituna, ieu fikmin ku sim kuring disebut pantes pikeun narima hadiah pinunjul satata.

Halah, lumayan panjang ogé, geuning? Urang pungkas nepi ka dieu heula wé, nya? Insya Allah, sugan waktuna nyukupan, isuk-pagéto urang tuluykeun deui toongan téh, paling henteu nepi ka fikmin nominasi nu meunang hadiah buku.

Hapunten ka sadayana, ieu kotrétan téh cék babasan mah lain mamatahan ngojay ka meri, atawa mamatahan hiber ka manuk, komo nu ngotrétna ngarasa aing uyah kidul mah, teu pisan-pisan. Ieu mah seja ngalubarkeun kapanasaran sim kuring baé, réhing fikmin-fikmin jawara dina Saémbara Fikmin Horor téh, kacida maléncrangna. Jeungna deuih, susuganan ieu pedaran téh aya pulunganeun kanggo pala wargi sadayana, nu utamana pisan mah keur sim kuring sorangan baé.

Jakarta, 11 Novémber 2014
Deni Riaddy

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s