Diserat Ku Daniel Rans

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Ditagih Jangji #

Manéhna, datang ngalanglangan. Cinekul jadi lamunan. Ngawut-ngawut pamikiran. Ngan alah jeung luhlah. Sarwa salah.
“Naha can kulem wayah kieu?” nu nanya deuk mahpalérkeun. Teu dipaliré. Angger ngajéngjéhé.
“Ang, kumaha? Ieu tos nambih ageung waé. Abdi isin!” gebeg. Ras kana dirina, nu alatan cukang lantaran kuring. Manéhna kudu nanggung sagalana.
Waktu pasini jangji. Hampang naker ngecap surti. Yén diri bakal gumati. Bakal nedunan kana jangji. “Sing hawatos ka abdi, nya Ang! Ulah jalir. Omat, sing tiasa dipercanten. Sing tanggeng waler” harita teuteupna mémang aya kacangcaya, kahariwang.
“Ulah asih dipulang seungit!” laju muka nu dibungkus rapih. Tuluy diasongkeun. Kuring nampa pinuh kasuka.
Hirup nu awuntah. Sagalana loba percaya. Pédé katé ngagampangkeun. Antugna ngalelebar kasempetan. Luput sagala itungan. Sagalana teu junun. Nambru.
“Énjing di antosan di kantor Bank! Bungana wéh heula, lunasan. Bilih ngaageungan mantén, Ang!” pepejeuhna.
Leng, bumi alam asa muter. Sirah lieur ngabelenger.Kamana nya pilampaheun. Keur mayar angsuran hutang.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s