Diserat Ku Yayasan Mataholang Fbs

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Béwara Pinunjul Saémbara Fikmin Horor.

Bismillahirrohmaanirrohiim

Sapuluh fikmin nu meunang nyair tina 74 pamilon Saémbara Fikmin Horor nu alpukahna Kuncén Fbs sareng Yayasan Mataholang geus disakuan (dibéwarakan saméméhna). Sangkan teu lieur teuing nangtukeun keur pinunjul jeung satata, Girang Pangajén nangtukeun heula 3 fikmin séwang-séwangan. Jumlah-jamléh, nu kasair ti girang pangajén téh aya 6 fikmin.

Pikeun nangtukeun fikmin nominator mah, nu jadi udaganana téh ku cara ngajén tina eusina, nu geus luyu antara judul ogé jeung témana. Lian ti nilik eusi, judul jeung téma, nu diajén téh dina téhnik mikminna. Téhnik nu dipaké pikeun nangtukeun fikmin pinunjul jeung satata mah béda deui. Ngahaja, Girang Pangajén téh sina meunteun fikmin mana nu paling saeutik kahéngkéranana, basa nu digunakeun di sagédéngeun jeung éjahanana. Sab, cék pamanggih Girang Pangajén, fikmin basa Sunda mah pasti bakal béda rasana jeung fikmin basa Indonesia.

Dumasar kana hal éta – – daék teu daék – – tujuh fikmin nu kasair téh kudu dibedél hiji-hiji, nu tuluy diudulkeun sakabéh eusi peujitna. 6 fikmin nu kasebut téh, nyaéta:

  1. “HANDAPEUN CAHAYA BULAN” yasana Wida Waridah

Wening calik sisieun kolam renang. Sampéanna ngeueum. Rok kembang-kembang warna bungurna baseuh. Bulan ngambang dina biwir cai. Oyag-oyagan. Cahayana nyaangan Wening. Atra. “Cinta. Ukur cinta,” Wening ngagerendeng. “Tapi cinta lain milik urang, Jungjunan!” Wening ngalieuk. Nu dilieuk ukur imut. Imut nu matak Wening kapincut. “Cinta kuring salawasna keur anjeun, Jati. Salawasna.” Wening neuteup bulan nu motah. “Abadi ukur milik Gusti, Jungjunan!” Aya nu robah dina paroman Wening. Cimatana laju murubut. “Jati, ulah ninggalkeun deui. Ulah indit deui. Kuring hayang salawasna babarengan.” Wening hayang nangkeup. Hayang ngabudalkeun nu kebek jeroeun dadana. Tapi nu rék ditangkeup kalah nangtung. “Ndén, ningan di dieu, énggal kalebet. Tiris!” Hiji awéwé tengah tuwuh nyampeurkeun Wening. “Jati! Anjeun rék téga ninggalkeun deui kuring? Anjeun téga?” Wening nangtung, neuteup ka juru, palebah dapuran awi. “Ndén! Ndén nyarios sareng saha?” Wening ngagukguk. Di juru kolam renang, hiji lalaki nangtung, cimatana getih, imutna bilatungan, dadana gorowong, sukuna ngalayang. Wening kaleleban ku Jati alatan ditinggal maot. Cinta mah langgeng. Teu di dunya, bisa diteruskeun jaga di ahérat. Masalahna, Nu hiji di dunya kénéh, hijina deui geus di lain alam. Ngaranna gé pan cinta, duanana silih pikadeudeuh, silih pikaasih jeung silih pikasono. Wening nu kaleleban. Nu sok nyarita jeung tatangkalan, jeung daun bari ngawawaan handapeun cahya bulan. Hamo apaleun réngkak saparipolahna salawasna diperhatikeun ku Jati. Ceinta téh peuriiih! Cék barudak ayeuna mah.

Kalimah bubuka dina fikmin “HANDAPEUN CAHYA BULAN”, dimimitian ku sétting. Hanjakal, déskripsina kaganggu ku kalimah “Sampéanna ngeueum”. Ningnang pisan karasana téh. Ku naon henteu ku kalimah: sampéanna kakeueum atawa ngeueumkeun sampéanna. Pan nu ngeueum mah nu gaduh sampéan, lain sampéanna sorangan.

Lebah paguneman ogé aya kalimah saperti kieu: “Tapi cinta lain milik urang, Jungjunan!” Kamalayon deui waé, tah! Maksud pangarangna mah, jigana, cinta mah lain urang nu miboga. Lebah dieu pangarangna jiga nu pohoeun, yén kecap “milik” dina basa Indonesia, beda harti jeung dina Basa Sunda. Milik=rejeki, atawa rejeki nomplok. Jigana ieu kalimah téh meunang narjamahkeun tina kecap: “Tapi cinta bukan milik kita.”

Hiji deui kecap nu meunang mulungan tina basa Indonesia, nyaéta kecap: “abadi”. Padahal mah bakal leuwih mirasa dibacana mun seug maké kecap “langgeng”. Kaémbohan wé ku cileuhna: “kalebet”, nu kuduna “ka lebet”.

  1. “INKA” yasana Zenzenz Zae Slalu ada

Inka kungsi pahareup-hareup jeung hiji panto anu biheung dimana. Siga dina impian, tapi nyata pisan. Di dinya sakabéh tempat asa euweuh tungtungan. Abstrak. Koletrak, barang asup, tihang-tihang cahya ngabagéakeun. Tihang cahya nu narojosan panonna. “Di dieu caket pisan sareng gerbang tiga dimensi, Pa!” ceuk Inka ka guruna sabot digeroan ka Ruang BP. Kajadian-kajadian ka tukang, kalan-kalan ka ungkab deui. Inka nyaritakeun kajadian entas balik sakola minggu kamari. “Suka Flash Back gitu déh Pa” cenah. Inka tumpak motor. Barang liwat ka pengkolan Sajong, béh wétaneun Garawangi. Kajadian-kajadian kacilakaan di éta tempat tumerap ka Inka. Nyarumahan tur nyubadanan kana jero pikir Inka. Inka milu ngarasakeun pak lenyap nalika motor kacilakaan tekor méngkol, temahna motor marud jalan. Gusrak ka banting ka solokan. Inka ngoléang, Inka ngarenjag digeuingkeun ku Novi. Istigfar. “Aya nu nuturkeun Inka ti Kaduagung, ayeuna nuju di kelas Ipa satu. Pengen punya temen katanya Pa!” tuluyna bari nyéréngéh ka tukangeun guruna.

Fikmin “INKA” nyaritakeun budak indigo. Ieu fikmin téh karasa aktual dina kahirupan kiwari. Horor murni nu aktual, malah aya sari-sari filmis. Maca fikmin “INKA” mah asa tumpak mobil sédan di jalan tol; ngageleser. Ieu fikmin téh ngaguluyur tur basajan sakumaha pikiran budak. Orisinil pikiran hiji budak jeung teu dibeungbeuratan ku pikiran pangarangna. Saking ku basajanna, nepi ka rénjagan jeung klimaks nu diasongkeunana ogé teu matak ngahudang kakeueung. Sok sanajan kitu, ieu fikmin “Inka” téh maké basa nu bérés roés, taya cawadeunana.

  1. “NU NAGIH JANGJI” yasana Eni Setiani

Peuting mingkin jempling, nu kapireng ukur kérésékna kalakay daun awi nu murag ninggang régang. Marni hudang tina pangsaréanana. Réma-rémana ngorowotan taneuh beureum nu ngurugan awakna. Pecenghul dua leungeunna, dituturkeun ku kukuncungna. Jleg, di luhureun kuburanana. “Peuting nu sampurna,” gerentes Marni. Terus ngalaanan tali-tali boéh nu masih nali. Ti kajauhan sora anjing tingculaung. “Ulah geruh, Jing! Kuring moal ngarah manéh, moal ngarah kolot nu teu satuju ka kuring.” Marni gumarendeng. Kalayang…, jleg, di buruan imah Mardi. Nyidik-nyidik ka jero imah, Mardi suwung. “Jig ka mamana gé diudag siah! Bongan gedé wadul, cenah deuk paéh babarengan, geuning datang karéta-api mah bet ngoréjat, terus nyingkah!” Marni kekerot. Terus ngalayang deui. Rét ka barudak bujang nu keur harihitaran, katingali aya Mardi ngojéngkang. “Kéla euy, arék kiih heula!” ceuk Mardi bari ngaléos. Nepi kana dapuran tangkal cau, pas rék muka sléting, teu tata pasini, Marni nyekék Mardi bari ngaharéwos, “Urang sasarengan salawasna téa, Kang!”

Téma dina fikmin “NU NAGIH JANGJI”, karasana rada kliseu. Intina mah ieu fikmin téh, nyaritakeun nu maot dicekék ririwa. Sakapeung carita modél kieu téh apan sok jadi bahan geuhgeuyan, pajar can aya kabéjakeun jelema nu maot alatan dicekék ku ririwa. Dina ieu fikmin ogé, pangarangna téh katempona hayang ngajungkelkeun kacapangan balaréa, yén nu dicekék ku ririwa téh aya, najan teu dicaritakeun nu dicekékna mah tuluy maot atawa henteuna.

Di sagédéngeun éta, aya kénéh kekecapan nu karasana masih kamalayon. Kecap ‘masih nali’ bisa diganti ku kecap ‘nyangreud kénéh’. Kitu deui kecap ‘tingculaung’ nu rada gejed, jeung kecap ‘harihitaran’ nu teu pas, sab nurutkeun kecap asalna tina “hitar”. Dina kalimah ieu, kecap asal jadi hihitaran. Hartina bisa hitar bobohongan atawa maén hitar tunggal. Jamakna jadi halihitaran.

  1. “NU NYUMPUT TUKANGEUN HALIMUN” yasana Ima Komala Dewi

Peuting kalima waktu panggih jeung manéhna. Tanaga suda, awak raca. “Dipilarian ti kamari, kamana heula?” pokna bangun loma. Nyaan muringkak, wanoja lenjang nyoréndang pedang, di tengah leuweung geledegan. “Tong sieun, kuring sami sareng salira.” Sidik lain ririwa, da basa kuring (api-api) tikoséwad leungeunna tapis ngarawél, (asa ngusapan sutra, deg-deganna manjang nepi ayeuna). “Tebih kénéh?” Lah mun seug lain lalaki, hayang ménta digandong da. “Sakedap.” Ajeg museur, semu ngaharéwos kana angin, “sampurasun…” Halimun peuray disieuhkeun hawar tarawangsa, mangréwu lumar ngembat parat ka tegalan. “Tuh, tos diantosan”. Enya wé, barudak nu mangpoé dicalukan nepika peura keur aranteng ngéngklak muteran durukan. “Buru, bray! Didinya nyasab nya?” Galih ngagorowok pangtarikna. “Si Géhél! Boro aing hariwang!” Seuri téh dihatéan ayeuna mah. “Tos, teu kedah hariwang,” manéhna mairan “Tim SAR tos dugi lokasi, mugi énjing siang salira saparakanca tiasa disampurnakeun.” Ngahuleng sajongjonan. Di tegalan tempat barudak ngéngklak, teu katémbong kekebul sakeprul-keprul acan.

Fikmin “NU NYUMPUT TUKANGEUN HALIMUN”, nyaritakeun lelembutan nu ngawujud jadi wanoja lenjang nu nyoréndang pedang. Séttingna nyokot di tengah leuweung nu luwang-liwung. Ké heula, disebutkeun lelembutan da lain, disebut jagawana oge lain kétang. Asa teu kabadé silibna.

Bawirasa, sétting di leuweung asa teu cocog jeung pungkasan nu nyaritakeun aya tim SAR. Ku naon teu maké tokoh nu basajan? Nini-nini atawa Aki-aki, misalna. Ku naon jeung kudu nyorén pedang, deuih? Pan pedang mah lain pakarang utama nu ilahar dipaké ku urang Sunda, sanés?

  1. “PURIDING-PURINGKAK” yasana Neni Yuhaenah
    Sret, hardéng ditutupkeun. Kareungeu aya sora awéwé ngabangingik semu kanyenyerian. Rey, keueung. Kabeneran di imah keur nyorangan. Lah-lahan nuturkeun datangna sora. Karék gé ngaléngkahkeun suku, pes, lampu pareum. Nu ngabangingik jempé, diganti ku sora brag-brig-brug di para, siga nu galungan. Puriding, ambekan rénghap-ranjug. Keur rumpu-rampa néangan batré, pelengseng bau hangru minuhan rohangan. Kasieun jeung hayang ongkék, adu-regeng, nyelek. Sanggeus batré kacerek, disorotkeun ka lebah kamar mandi. Méméh asup, kadéngé aya sora nu keur nginum mani ngalekik. Bray, panto dibukakeun, euweuh nanaon, ngan bak nu tadina pinuh ku cai, nyésa satengahna. Keur ngaluarkeun eusi beuteung, karasa ceuli aya nu niup, tiis. Puringkak, ngayekyek. Bari jeung leuleus, maksakeun ngaléngkah. Karék gé kaluar ti kamar mandi, sora nu nginum kadéngé deui, dibarung céplak. Dibatréan, angger teu kaciri nanaon. Lila-lila aya nu ngabelegbeg. Panasaran, disidik-sidik. Bréh, aya létah panjang keur anteng nginum. Sirahna bijil tina témbok nu rata.

Tina judulna waé, sabenerna mah geus ngébréhkeun kaayaan nu bakal karandapan ku si tokoh. Ieu naskah kaasup fikmin nu murni kagolongkeun kana wanda horor. Téma jeung alur geus nyumponan kana syarat hiji fikmin. Lian ti éta, pamaca bakal diajak kana suasana horror ti awal nepi ka ahir.

Hanjakal, loba ngalarapkeun kecap nu maksa pamaca pikeun ngarasa sieun. Kecap keueung, puriding, puringkak, ngayekyek, hayang ongkék, rénghap ranjug, jeung sajaba ti éta, bawirasa jadi ngahalangan wangun suasana nu keueung. Cukup ku séting nu alami baé keur méré kesan keueung mah. Seug bari dibungbuan ku si tokoh nu rada wanian. Atawa paling henteu, si tokoh téh ulah apaleun kana kaayaan harita nu ahéng.

Kukituna, hiji kaahéngan tina ieu fikmin ogé ditembrakkeun pisan ku pangarangna. Muringkakna pamaca teu mangrupa hiji rénjagan, sab geus kapiheulaan muringkak ku si tokohna. Ahéng, pan?

  1. SONO” yasana Yoen Yoeliztya

Nengah peuting, hujan ngaririncik. Cungungung anjing, ditéma séorna angin nebak dapuran awi pipireun imah, ngendagkeun tangkal-tangkalna, rerekétan. Alam cakueum, diruruban pareumna listrik, peteng. Di kamer, lilin nu tinggal sapotong, kakalicesan, ngoyag-ngoyag kalangkang. Si Sujang, disusuan téh lain répéh, kalah beuki ngadengér, matak hariwang nu ngemitan. Komo mun ku kuring diusapan, kocéakna narikan. Arman ngabetem, neuteup orok nu ngéar dina lahunanna. Hayang teuing nyusut nu renung na alum pameunteuna. Ema, kéképrét ka saban jujuruan, socana carindul. Abah, rarayna ngemu kabingung, siga aya nu didagoan. “Yap, Ki…!” Abah ngabagéakeun nu datang. Ki Jumad, kokolot lembur. Terus arasup ka kamer. “Sing tingtrim, Nyai. Budak mah aya nu ngurus ieuh. Nyingkah! geus lain-lainna deui.” Ki Jumad nyarita bari nyeprétkeun nyéré kawung. Nenggel pisan kana mamaras. Panas karasana. Ngarérab, ngagerihan lelembutan. Teu kuat. Geuwat ngejat. Ngabelesat, nobros para bolongor. Haroshos nepikeun kasono, “Si Sujang butuheun ciindung…!” ditungtungan cikikik peurih.

Ti mimiti kalimah munggaran ogé geus horor karasana téh. Beuki dieu beuki horor. Pangarangna ninggalkeun plot nu matak pogot. Pilihan kecapna ogé geus aralus, hanjakal aya kénéh cileuh. Kecap ‘lahunanna’ dina kalimah “…neuteup orok nu ngéar dina lahunanna.” teu merenah, boh dina tulisan atawa waktu diucapkeun. Ku naon teu maké kecap ‘lahunanana’?

Tambahna ti éta, kecap ‘tangkal-tangkalna’ dina kalimah “… ngendagkeun tangkal-tangkalna….” karasana rada kamalayon. Bisa jadi narjamahkeun tina kecap ‘pohon-pohonnya’. Ogé aya kecap ‘lelembutan’ dina kalimah “…Ngarérab, ngagerihan lelembutan…”. Ieu kecap téh asa mokaha teuing, sab si tokoh dina ieu fikmin téh apan golongan lelembutan, naha bet kudu nyabit-nyabit deui lelembutan?

Hal séjén nu kapanggih tina fikmin “SONO”, aya logika nu rada “paséa”. Si tokoh kacaritakeun keur nyusuan orok bari éta orok téh keur dipangku ku Arman. Kumaha posisi nyusuan jeung kumaha kétak nu disusuan? Hésé dibayangkeunana, sabab pasti diadu jeung Arman nu keur ngalahun orok.

Hasil tina ngabedél fikmin nu bakal dijadikeun pinunjul, Girang Pangajén nepi kana kacindekan, yén nu boga hak pikeun jadi pinunjul utama dina Saémbara Fikmin Horror ieu téh nyaéta fikmin “INKA” yasana Zénzén Zaé Slalu Ada. Kukituna, ieu fikmin téh baris dileler ku hadiah utama nu ageungna Rp. 500.000,- katambi hiji buku ti Yayasan Mataholang

Salajengna, 2 fikmin nu janten pinunjul satata, nu baris dileler ku artos nu ageungna Rp. 250.000,- katambih ku hiji buku ti Yayasan Mataholang, nyaéta:

  1. “PURIDING-PURINGKAK” yasana Néni Yuhaénah.
  2. “NU NYUMPUT TUKANGEUN HALIMUN” yasana Ima Komala Déwi.

Tambihna ti éta, kanggo 3 karya sanésna nu tos lebet nominasi, baris dipaparin dua buku ti Yayasan Mataholang,
nu salahsawiosna téh, Buku Kumpulan Carpon “Lalaki Na Tungtung Peuting” yasana Téh Tiktik Rusyani

Éta sadaya hadiah nu mangrupi artos téh, ngarupikeun pangdeudeul ti nu janten Bapa Angkat FBS, nu salami ieu teu weléh ngiring ngarojong kana saban acara nu diayakeun di lapak FBS, Kang Ganjar Kurnia. Hatur nuhun, Akang, mudah-mudahan kasaéan salira téh digentosan ku mangtikel-tikel pahala ti Nu Maha Kawasa. Aamiin…

Mung sakitu nu kapihatur, neda tawakup tina sanés kanten kakirangan. Hatur nuhun tina sadaya perhatosanana. Cag,ah!

Lapak FBS, 10 Nopember 2014

Réngréngan Girang Pangajén.

Déni Riaddy
Ari Andriansyah
Asép Komara

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s