Diserat Ku She Chikal Arga

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Karaos #

Isuk-isuk di hiji imah.
“A Abdi rék ka Bogor jajap orok Pipin jeung Wiwi,” Yati nyarita ka salakina.
“Jung waé tapi ulah lila teuing karunya budak, sakola!” ceuk mang Hendi.
“Moal atuh si Dédé mah rék diajak wéh da melang, kahadé si Ujang sina sakola ulah diculkeun.”
“Heueuh kahadé sing tarapti di jalanna,” mang Hendi mapagahan.
Satutas tatahar jeung pamitan, Bi Yati miang.

Sapoé duapoé ti saprak ditinggalkeun Bi Yati, karasa simpé. Teu karasa geus saminggu, Bi Yati teu daék mulang, kalah méré iber yén dua minggu deui kana mulangna téh.
“haruh…” mang Hendi ngarahuh. Bet karasa, geuning teu gampang ngurus budak sorangan téh, nyeuseuh, masak jeung sagalarupana dipigawé ku sorangan.
“Pantesan indung budak mindeng ngangluh, beurat ogé geuning. Ladang buburuh kuli saminggu ogé teu mahi ka ditu ka dieu,” gerentes mang Hendi bari ngahuleng na golodog.
“Pa, ieu acuk tos soék deui,” Ujang némbongkeun baju saragam nu soék palebah kélék.
“Keun urang kaputan deui wéh,” cumalimba.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s