Diserat Ku Rizky Chandra

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Serieus lain Heureuy #

Geus ampir ka juhkalina dicalukan. Nu diobrolkeun angger éta kénéh.
“Targét bulan ini down, gimanaaa?” Namprakeun dua dampal leungeun. Geus teu bisa ngajawab. Nya kudu dikumaha deui? Rarasaan mah, kabéh cara geus dilakonan. Mun téa mah aya termométer tuluy ditapelkeun kana sirah, jigana leuwih ti saratus darajat sélsius tah panas sirah téh, bisa dipaké nyeplok endog. Nya, bakat ku uleng mikir. Digelendeng hareupeun pagawé séjén nu sanasib. Heuh, teu pati éra teuing da sarua nu lian gé digelendeng.

Heuleut sajam, geus kring deui. Dicalukan deui. Mentegeg. Nempo jam, geus waktuna dahar. Kapaksa nyampeurkeun.
Srog hareupeun Bos, tungkul. Diteuteup seukeut. Nu dariuk di rohangan, caricing. Kabéh paromanana Serieus.
“Terus, gimana lagi caranya Ki, biar targét tidak tu…” Teu kebat. Basa curuk ditapelkeun kana biwir.
Tanggah lalaunan, males neuteup si Bos,
“Kadang ku rasa lelah, harus jadi sempurna,” halon. Nu dariuk curinghak.
”Ingin ku teriakaaan…” Ngagorowok, bari ngalieuk ka nu dariuk. Carengkat méh bareng,
“Worker jugaaa manusia, punya hati punya rasa,” réang.
“Jangan samakan dengan,” ngacungkeun peureup. Jep… Sajongjongan jempé. Simpé. Leungeun diturunkeun.
“Tangtungan sapiii,” réang deui, tuluy ngalaunan. Kuniang, arindit hiji-hiji, nuju ka warung Si Ema, tukang karédok. Ninggalkeun Si Bos, nu angger calangap. Hareugeueun.

“Ma, Karedok lima céngék sapuluh.” Sidéngdang, cacamuilan ngopi kurupuk heula.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s