Diserat Ku NDod

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Payus #

“Kamana Mang Udin?” Karti lunga-lengo.
“Wanci Lohor kieu mah di Masigit Ceu! Méméh dur bedug, campego di Masjid!” Darman, tukang béca mairan.
Ngajengjen. Tara daék kanu séjén. Geus langganan.
“Punten Agan, lami ngantosan?” Udin norojol. Soméah. Regeyeng balanjaan dibawa. Hideng.
“Naha mung sakedik?” narik lés kuda.
“Mung nambihan Mang!” Kusiwel ngaluarkeun ongkos.
“Ulah diangsulan!”
“Pangapunten Gan! Amang tadi telat!” Ngarasa dosa.
“Teu sawios Mang! Tos apal da.”
“Mang! Kaleresan.” Kasampak Karsih. Rék kapasar.
Ampir saumur hirupna. Udin mawa délman. Tara poporosé rerebut muatan.
Ngangkleung, nikreuh. Basajan. Hampang birit. Narima ongkos saayana.
Pasosoré, reg mobil alus. Angkaribung.
“Abah!” Budak umur lima taun muru. Gabrug digaléntoran.
“Euleuh Nyai incu Ené. Sono!” Unéh. Ninina, norojol ti dapur.
“Kumaha kaayaan dikota Jang?” reueus. Neuteup ka Uhi. Budak hiji-hijina.
Rinéh. Wanci Isya.
“Abah, Ambu! Ulah baha deui! Taun ieu, abdi tos nyiapkeun sapuratina. Abah kalih Ambu angkat Jarah!”
Simpé sajongjongan. Ukur engapan patémbalan. Juuh.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s