Diserat Ku Aan Abdulloh

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Lalajo Wéker #

Pahabol ngiring bal kéncaeun kotak pinalti Persib. Supardi ngarémpét. Balicet. Bal true pass ngulit jukut. Vujovic kadéoh. Jupri elat nga-block. Boaz teu kakawal. Jebét! Plos. I Madé Wirawan olohok. 2-2.

Gelas cikopi ngalayang. Gonjrang! Nambag kaca TV. Mancawura. Haseup ngetek. Konslét.
“Bapaaa! Geuning?” Bu RT ngajerit reuwas.
“Bongan kalah seri. Padahal tinggal 7 menit deui.” Pa RT némbal bari ngemu kakeuheul.
“Kumaha atuh, Pa? Moal apal nu meunang atuh? Lalajo ka tatangga yu!”
“Is! Bapa téh pamingpin. Teu meunang cuet. Mun urang lalajo di Mang Kosim, tangtu Bang Nirin ngadat. Cokot wéker!”

Pa RT anteng mencrong wéker. Sapuluh menit kaliwat.
“Seri, Bu?”
“Apal timana?” Bu RT teu ngarti.
“Lamun Persib éléh tangtu séah di imah Bang Nirin.”

Tatangga ramé ting haraok.
“Perpanjangan waktu, Bu.” Jantung Pa RT ratug. Inggis Persib éléh.
30 menit kaliwat. Késang renung na tarang Pa RT.
“Tos-tosan, Bu.” Haténa tagiwur.

Kadéngé nu surak di imah Mang Kosim. Imah Bang Nirin réhé.
“Persib meunang. Juara, Bu!” Pa RT ngéngklak. Bu RT nyapukeun beling nu ambarayah.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s