Diserat Ku Eni Setiani

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

FIKMIN # Tato #

Di Pangandaran, bada Isa, kaluar ti hotél. Méméh ngangin di basisir jeung babaturan nu geus indit ti heula, kuring leuleumpangan di jalan Pramuka. Rét ka Tukang nyieun tato. Jorojoy, karep mapaés suku. Terus milih gambar, “Nu ieu sabaraha, Kang!” nunjuk kana hiji gambar. “Nu permanén?” tanya Tukang tato. Kuring ngabirigidig, boroning ditojosan ku jarum tato, dalah sakalieun gering, terus rék disuntik ku dokter, haté mah hayang bedo. “Sapuluh rébu!” pokna deui. Sapuk harga. Dek suku digambar, terus maké cét, teuing cét nanahaon da hideung.

Teu mangkuk sapuluh menit, gambar unyu-unyu geus napel na suku tur nyerep kana kulit. Laju mayar, pas rék nangtung, “Téh, teu kénging waka ancrub ka laut, nya!” cék Tukang tato.
“Naha? Cenah moal luntur!” kuring nyorongot.
“Héhé, moal luntur mah, mung bilih paéh kakeueum!” jawab Tukang tato bari nunjuk kana suku kuring nu digambaran cakcak keur nyampluk rametuk.***

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s