Diserat Ku Abdul Haris

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Méh-méhan #

Bagja temen. Kemis harita. Awak keur meujeuhna seger. Lalongsong. Balas tutas katambias. Nguniang tina ni’mahna tibra, dina korsi sopa ngenyod. Nguliat. Ngaderekdekeun awak. Heuay gé mépéndé kénéh. Ngararasakeun kawegah. Hayang nambah ngagalayah. Dék pindah ka kamar. Hanaang. Rék tatar-totor di pawon. Nyimpang. Bréh. Dina bangku. Ngajarepat dibaluligir. Sampulur. Barodas ngagararemplong. Ngagupayan ngabibita. Bangun nu ngajak papuket. Dumadak jag-jag waringkas. Teu talangké. Disampeurkeun, bari sarangah-séréngéh. Mitembeyan diusapan, laju tatahar ngahanca. Teu kebat. Karénjagkeun cumelukna pamajikan. Rametuk gé halaliber paburencay.

“Pah..! Buka puasanya, masi dua jam lagi loh, katanya mu dibikin colénak buat nanti.”

“Astaghfirulloh..! Papa lupa, Mah.” cekéng. Gagaro teu ateul.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s