Diserat Ku She Chikal Arga

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

FIKMIN # Lebah Lemah Cintamanah #

Panas mentrang. Mulang balanja keur eusi warung, ti pasar Dayeuh ngadon ngahuleng sajongjongan. Lain ka gura-giru mérésan balanjaan. Kalah rus-ras ka nu anggang.
“Beu, baku ari geus ngalamun téh, lain geura bébérés.” Mamah ngagareuwahkeun tukangeun.
“Muhun Mah, kin sakedap deui capé kénéh,” walon kuring. Kuniang, tuluy ngéntépan balajaan ditataan hiji-hiji dina étalaseu.
Rahuh, bet beuki kapikir. Gap kana hapé, dibukaan menu’na. Belengéh,
“salira nu ngadamel kuring ngaco téh!” Ngagerendeng ka hiji potrét dina hapé.

Bada Ashar, weléh teu palér. Ngadon beuki ngalangkangan, ucang-ucangan dina kongkolak panon.
“Mah, abdi amengan heula sakedap.”
“Ulah lami teuing nya,” ngawalon ti dapur. Kaluar ti imah, leumpang mapay-mapay sisi jalan. Nyorang tanjakan,
Anjog, lebah mumunggang. Diuk dina bangku kai sisieun warung. Ngahuleng, rét ka gigireun.
“Néng, nyalira waé,” gentra Si Ema nu boga warung.
“Henteu Ma, da dua.. An! éh nyalira.” Nya, gigireun suwung. Teu jiga baheula, basa anteng duaan paguneman. Ditémpat éta jeung manéhna. “Kuring sono.” Layung ngempur, luhureun Cintamanah nyumputkeun saulas imutna, pangubar gandrung, nyérangkeun ti kaanggangan.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s