Diserat Ku Rita Rosita

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # SÉSA CARITA BIHARI #

Papanggih jeung Ika di Singapura, manéhna staf marketing di Perusahaan nu keur dilobi. Rumegog unggal amprok, rewuan rasa pagaliwota, rumasa pernah nyieun codéka. Teu wani cacarita papanjangan, manéhna ngajaga jarak.
Tugas réngsé, biur ka Orchard Road, néangan oléh-oléh. Keur milihan tas, karérét aya Ika, nawar carrier, ditanya, “masih hiking, Ka?” “Tara, kanggo punanak!” Pokna, “ka urang mana, Ka? Bati tos sabaraha?” Cekéng , “héhé…Urang Indonésia, bati hiji. Nila séhat? Putra sabaraha?” Malik nanya, “Saé, sami mung hiji.” Némbalan bari batin ngalengis, hiji gé ngadopsi.
Satutasna balanja, manéhna ngajak dahar di réstoran Vietnam, sakalian nungguan budakna keur lés dipeuntaseun réstoran éta. Ika pésen mie Vietnam, kuring milih mie tomyam. Dahar bari ngobrolkeun kahirupan. Ika cicing di apartemén di Geylang. Teu lila nempo hapéna, tuluy gugupay, dirérét budak lalaki umur malas taunan nyamperkeun. Beuki deukeut, atra katempo beungeutna, Gusti…Nempo budak Ika, asa keur ngeunteung salawé taun katukang.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s