Diserat Ku Nina Juno Noer

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

FIKMIN # TEU KOMPAK #

Mimitina pabetem-betem. Silih tonggongan. Kikituan téh aya kana limalas-duapuluh menitna. Kasur ngadak-ngadak asa ubluk-ablak. Kuring nyempod belah katuhu deukeut lampu méja, manéhna nyangigir ka béh kénca, pageuh napel kana guguling nu ti tatadi teu daya teu upaya, dikeukeuweuk, dikekesek. Kuring géngsi rék malik ngajak seuri, noél saeutik, ocon, nu biasana mah sanggup meruhkeun baeudna. Keun lah, tuman.
Tapi asa ku eungap salila-lila tahan harega. Antukna léah. Beuheung dipaléngoskeun saeutik, ku juru panon karérét tonggongna. Eum! Geus teu bireuk deui jalujur tulangna. Najan kahalangan daster jeung dirampa bari peureum, kuring geus hatam kana téksturna, apal kana lebah céda urut manehna labuh tina sapédah basa bolon baheula.
“Mah…”, cekéng téh lalaunan.
Teu ngawalonan. Ceuli nu rancung lapat-lapat nyambat sora kérék halon. Ditengetan nepika nguniang hudang, sora kérék beuki rosa. Horéng ti lebah manéhna, nyegrék tibra.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s