Diserat Ku NDod

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fiksi # Ngalumbuk #

Lungsé, beuteung lapar. Geus saminggu ngalalampah can aya iber keur meuli béas.
Na kongkolak, barudak barongkéakan diupah-apéh ku indungna. Keur ngandeg.
“Didungakeun Kang, sing hasil!” Unéh imut ka Uhi. Salakina, basa rék miang.
Nyamos.
“Duh dimana néang nu merenah keur ngedeng?” gék diuk handapeun kiara. Reungit napuk.
“Susuganan aya tajug” jung nangtung. Weléh.
Maksakeun ngaléngkah. Ampir deukeut ka biwir lemburna.
Rét, béh lebak aya imah kosong. Teu kaurus. Nyarandé. Ampir pules. Gebeg.
“Téwak…! Kepung…!” Ngaliud jelema nyalampeurkeun. Séah.
“Juhé! Pegat béh dinya!” Uyéh maréntah.
Kuliwed. Gok, habek teu antaparah. Jebrod pada naringgangan. Rumpuyuk. Bru nambru.
“Duh naon kalepatan abdi!” Nutupan beungeut.
“Kasebelan siah, montong nganglés silaing nu sok maling téh nya?” Beg najong angen. Kudupruk karasa seueul.
Regeyeng digusur, pating beledag séwang-séwangan. Awak baloboran ku getih, teu walakaya. Les kapiuhan. Ngulampréh..
“Duruk euy…duruk…!” Réang, marawa obor.
Lurah Angga norojol. Gebeg. Obor nyaangan beungeut.
“Mang Uhi?”
“Gagabah maranéh!” Nyapu beungeut.

tulis