Diserat Ku Godi Suwarna

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

(Siaran Ulang)

KURUSÉTRA

Kakocapkeun, wanci karék nincak pecat sawed. Tapi karasa morérét. Bayeungyang. Gending perang ngaweuhan ka madhabpapat. Ngagedur-gedur jajantung. Wadiabalad Amarta jeung Astina geus aduhareupan. Tingpuncereng. Mangpirang pakarang, karéta perang, kasawang patinggurilap. Dina méga, Para Déwa geus ngabéngbréng rék nyakséni Baratayuda.

“Duryudanaaa! Ulah sambat kaniayaaaa!” Wérkudara ngagorowok. Tapi nu ditangtang can katémbong.

“Di mana kénéh atuh Anggér Duryudana téh?” Resi Bisma luak-lieuk. Kurawa élékésékéng. Pandawa guligah.

Bet kapireng nu gumuruh. Kurusétra eundeur. Bréh. Ti béh Wétan. Aya nu nyuruwuk. Nyewuk. Téng waja badag kacida. Reg. Tengahing wadiabalad nu keur aduhareupan. Nu tumpakna bijil. Duryudana. Wadiabalad Astina surak. Ambal-ambalan. Tapi, Duryudana kalah tuluy nyampeurkeun ka Pandawa. Kurawa kerung. Wadiabalad Amarta taraki-taki. Duryudana ngadeuheus ka Yudistira.

“Hampura, Adi! Hampura kula! Nyanggakeun nagri Astina. Da éta mah hak Adi sadulur-dulur!” ceuk Duryudana bari sujud, ngarawu dampal suku Yudistira. Laju ngagugkguk.

Pandawa jeung Kurawa tingpolohok. Para Déwa tingjarenghok. Saréréa pungak-pinguk badis kunyuk nu teu tulus beresin!

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s