Diserat Ku Ceu Ema

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Napak Tilas Panineungan #

Anjog ka Kawah Putih, rénghap ranjug. Umur mah geuningan teu ngabobodo. Béda jeung jaman kuliah, kagiatan hiking jeung kémping téh sasat siga jalan ka cai. Ngajengjen sakedapan, nuuskeun késang. Nyeuseup bau walirang ku kasono. Panon hideng ngarérétan ka unggal tempat. Asa taya bédana. Nu béda téh, ayeuna mah nyorangan. Baheula mah aya Si Manéhna.
“Kawah putih, malati bodas, cinta putih sabodas ati nu mamanawian seja mipit malati suci. Mugia ieu tempat jadi kawah kayas, kanggo urang,” haréwosna, tapak deku ngasongkeun sabeungkeut kembang malati, duka teuing ti iraha mawana. Ngan wasa tungkul, puguhan dikaleprokan ku babaturan. Ramé, disalurakan.
Keur meumeujeuhna sono bogoh, sataun ti harita Manéhanana meunang béasiswa ka Ustrali. Pleng-les. Ayeuna, sapuluh taun teu karasa. Kajurung ku kasono, maksakeun sorangan. Ukur waasna, kari sonona. Reup, peureum. Mendet cimata nu kasakitu kalina ngaberebey.
“Kawah putih, malati bodas, cinta putih…,” aya nu ngaharéwos. Selengseng, walirang kasilih ku seungit malati. Gancang malik. Gabrug!

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s