Diserat Ku Asikin Hidayat

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # NELENGNENGKUNG (2) #

Jelegur gunung bitu. Langit euceuy lir kahuru. Lahar panas ngamalir ka mana mendi. Sato héwan nu hirup di sabudeureun éta gunung barirat. Lalumpatan sakalumpat-lampét. Iwal sapasang manuk. Indung manuk jeung anakna nu keur diajar ngapung.
“Ema, naon anu gumuruh?” ceuk anak manuk kasieunan.
Indungna, anu satadina rék ngejat nyingkah, ngabatalkeun niatna. Naluri kanyaah indung leuwih ngadali pikirna.
“Anaking, hayu urang muru panyalindungan.”
Nanging anakna ukur bisa roroésan.
“Emaaaa! Abdi teu sanggem… Naha abdi bakal bisa hiber engké?”
“Ulah leutik haté, Anaking. Lain engké atawa jaga, malah ayeuna pisan. Bagerak hiber satemenna wujud tina kasadaran diri. Sedeng diri aya nu ngadali, ngagerakkeun jeung ngaping. Nyaéta sifat-sifat hirup urang sorangan, anu bagerak jeung tumapel dina rasa. Geura…!”
Sanggeus roroesan sakeudeung, geleber anak manuk hiber.
“Ema. Abdi bisa hiber! Hayu, Ema, hayu…!”
“Engké baé Ema nyusul, Anaking,” ceuk indung manuk bari tipoporosé ngudaran areuy sayang nu nyangreud kana sikilna.
Sedeng seuneu beuki ngaléntaban…!

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s