Diserat Ku Ani Herliani

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Neangan Pipamajikaneun #

Geus méh dua taun manéhna léléngohan ti saprak pamajikanana mulang ka kalanggengan. Ceuk pangrasana geus meujeuhna néangan deui batur hirup sangkan ari balik gawé aya anu nyadiakeun dahar, manguruskeun papakéanana pon kitu deui ngurus imahna. Dahar di luar béda jeung dahar di imah pédah cenah ari meunang masak pamajikan mah samarana gé ihlas jeung cinta. Kudu nganteurkeun jeung nyokot papakéan ti laundry béda jeung kari rap. Pon kitu deui imah mun aya pamajikan mah lalening tur rarapih. Matak basa aya mahasiswi béda perhatianana ka manéhna sabab lamun manéhna méré kuliah asa leuwih imeut ngabandungan, asa leuwih aktip lamun keur diskusi, asa leuwih soméah, pameunteuna nu rancunit asa teu weléh marahmay. Nya hiji waktu manéhna lah-lahan.

“Saleresna mah Bapa téh hoyong geura mungkas mangsa lalagasan. Sigana tos cekap upami milari piistrieun”. Pokna tandés.

“Oh, Bapa téh nuju milari piistrieun? Ka punbiang wé atuh Pa, da tos lami almarhum punbapa ngantunkeun”.

tulis