Diserat Ku Ai Wawang

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Drupadi Nedunan Jangji #

“Dursasana gugur…!”
Haliwu, di tegal Kurusétra. Hawar-hawar béja tatalépa. Teu nolih di nanaon, berebet lumpat ka ténda rék nyokot bokor emas anu ngahaja di bawa keur ngawadahan getih Dursasana. Ceg, boéh rarang diudar talina. Bréh, cahaya bokor nojo kana beungeut matak sérab. Dumarégdég, bokor dipangku.
“Sakeudeung deui, aing arék diangir ku getih sia, Anjing….”
Gumerendeng.
“Prajurit, pangmikeunkeun ieu bokor ka Kakang Bima, kahadé wadahan getih si Dursasana kana ieu bokor. Kaula geus teu sabar hayang diangir ku getihna!”
“Kaulanun Ratu….”
Prajurit undur seja nohonan paréntah.

Layung ampir surup. Hanyir getih kaangseu ka jero ténda. Nyambuangkeun mangréwu bugang anu ngababatang. Bruh-bréh sawangan, mangsa diri ampir ditaranjangan.
“Hatur sembah pangabaktos, Rayi. Nyanggakeun beuheung teukteukeun!” Sora agem kapireng. Brek sideku.
“Mana bokor getih téa, Kakang?”
“Nyaéta Rayi, basa kakang notor beuheung Dursasana, bet hilap teu disésakeun!”
“Kakang…!”
Jajantung asa coplok saharita. Getih Dursasana geus ngahiji jeung getih Bima. Ceg, kana patrem.
“Kakang….”

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s