Diserat Ku Ade Satia

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # REUWAS #

Sagala gé ari kangaranan geus nyandu mah, kalan-kalan kalalanjoan, teu nyaho diwaktu. Balik ngantor Kang Éméd tatahar di sisi walungan, milih tempat di nu léngkob, kaiuhan ku rembetna tatangkalan, ngadon cinekul ngeukeuweuk pahul, ngarep-ngarep aya nu nyanggut kana eupan nu dipasangna.
Biasana, beubeunangan téh ukur beunteur, keting, jeung sabangsana, lauk-lauk nu laleutik. Tara-tara ti sasari, ayeuna mah beubeunangan téh rada euyeub, maké aya lélé, lauk emas jeung nila sagala, atuh rada jigrah, mingkin poho kana waktu.
Tukangeun Kang Éméd, aya nu milu cinekul, buukna rarambueukan, huntu ranggéténg ku sihung, beuheung gorowong baloboran getih, ceplak bangun nu nikmat, ngahakanan lauk beunangna Kang Éméd.
Bakat ku pogot, beuteung ngulibek pinuh ku angin gé teu dirasa, jongjon ngalaan lauk. Gep lauk nu nyanggut dicokot laju diasupkeun kana korang, bari rada cengkat. “Broooot…” teu kawawa bujur Kang Éméd ngaluarkeun sora nu agem. “Jadol siah…!” nu milu cinekul ngajéngkat bari ngadegungkeun sirah Kang Éméd.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s