Diserat Ku Sastradireja Saja

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Sono #
Sarung diporosotkeun, ditilepan, ditunda dina luhur sajadah. Kamprét bodas, salin maké kaméja hideung, kameumeut manéhna. “Akang asa langkung kasép sareng katingali bersih kulitna, pami nganggo kaméja ieu.” Pokna bari ngagulungkeun leungeun kaméja sakali , tanggah neuteup geugeut. Haté nyeblak teu puguh rasa. Kasono minuhan dada. Peuting ieu jangji rék nepungan bébéné papaés haté, beubeureuh nu dipideudeuh, panutan rasa nu teu weléh ngancik dina ati sanubari.
Bérés nyisiran. Sebrot, minyak seungit karesepna. Manéhna sok betah nyampaykeun sirah dina dada bari nyoo kancing kaméja. “Seungit parfum Akang asa ningtrimkeun diri abdi, horéam cengkat dina dada Akang.” Leungeunna meulit kanu cangkéng.
Seungit, rapih, ngaléos ka hareupeun kaca. ” Astagfirulloh!” Poho can dicalana. Jam sabelas peuting, kaluar ti imah, muru tempat biasa papanggih jeung manéhna. Datang ka anu dijugjug, gék, diuk dina akar nu badag. Teu kanyahoan manéhna geus aya gigireun. Imut teleb, sorot panon hapa, raray pucet. Baju bodasna geus lalayu sekar.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s