Diserat Ku Ade Satia

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # TEUNGTEUINGEUN #

Asa beuki karasa tarahalna jalan sorangeun. Panas morérét jeung nanjak nu teu eureun-eureun. Enya, rumasa diri jauh ti disebut mampuh. Dalah keur kahirupan gé miminengna mah nurut ka pamajikan. Lain, lain teu éra, tapi da geuning kieu kanyataanana. Gawé ukur koréh-koréh cok, sedeng pamajikan, panghasilanana leuwih ti nyukupan.
Éta deuih mitoha, curukna ampir antel-antel wé kana tungtung irung anu rada dempes, bari hohoak, sorana bebeledagan, tanding jelegurna sora gelap tengah poé éréng-éréngan. Ehm… peurih, nyelekit.
Rét ka barudak anu salila ieu dipikanyaah, dipikareueus, hiji gé euweuh nu béla, anggur biluk ka nu jadi indung, teu miroséa kana kasangsara nu jadi bapa. Malah milu nganaha-naha, sok sanajan teu pok togmol.
Ngahuleng sisi walungan, mikir pilampaheun hirup. Hareuh… asa seunggah, pikir buntu, ngabarungsinang, asa paroék téténjoan, ari ras ku nanasiban diri. Bari asa teu pira, ukur ngedalkeun kahayang ka pamajikan, hayang nurutan batur ngalaksanakeun sunah Rosul, boga pamajikan leuwih ti hiji.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s