Diserat Ku MangÉboéd

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # NU NUNGGUAN SISIEUN RAWAYAN #

Léngkah tuluy lumampah. Nunutur jalan satapak nu ngembat meulah pasir. Nyeuseup wangi taneuh jeung dangdaunan, nu asa geus gumulung na getih nu ngamalir na ieu raga. Di tungtung lembur. “Geus sore, Céng. Reureuh heulaan!” Ki Olot, ngabedega na lawang imah panggung. “Deuk ka mana, Dia?” “Seja nyukcruk tapak karuhun.”

Nyanghunjar na amben palupuh. Ngawangkongkeun kahirupan pangeusi lembur nu pengkuh nyepeng tradisi. Dipungkas rumahuhna Ki Olot, lantaran hasil tatanén nu mingkin ngurangan. “Geus peuting, hayu ngampih.” Ki Olot, laju ka pangkéng. Kuring, nyileuk di patengahan.

Ketrok.., ketrok…. Kapireng sora ngawirahma, na selang waktu nu sarua. Hémeng. Bet wayah kieu? Memetot rasa. Cengkat, muru datangna sora. Na amben imah sisieun rawayan. Dicaangan kalicesna damar. Hiji wanoja, leungeunna tapis ngulinkeun alat ninun. “Bagéa, Aka. Mangratus purnama Kula nungguan. Baeu, cuang babarengan ngariksa ieu lemah, sangkan leuit parinuh deui.” Mangpirang pananya minuhan dada. Di langit, bulan kumeureuceum. Katiruk dahan kai nu jadi tihang rawayan.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s