Diserat Ku Kang IsMaya

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Sobat Dalit #

Ceuk katerangan Kokolot urang dinya, yén ti baheula mula aya wangunan téh kitu. Ki Anép bati ngaragameneng. Budakna nu jeneng guru, gentak ngalelemu kahandeueulna, “Pasti tos robih. Apan di urang gé sami, ti kawit Situ, Sawah tug dugi Pasir buligir, parantos janten padumukan!”

Teup. Nu disuksrukna. Ébréh. Masjid. Dihapit Pasar jeung pertokoan. Atra. Pasalia jeung pangakuan Ki Sobatna, waktu sapuluh taun kalarung. Enya. Sagalana bisa waé robah. Jelas. Kiwari ukur Masjid. Sabagéan wangunanna keur dioméan. Tina spékerna. Gumalindeng adan. Seger. Umajak kana kahadéan. Budakna ngaharéwos, “Kumaha upami kaémutan Abah téh, urang sanggakeun wé ka masjid?” Ki Anép unggeuk. Anteng. Kumalayang ka mangsa keur béak-déngkak digulang-gapér ku kasusah. Laju amprok jeung nu ngaku sobat dalitna keur leutik. Nu ngarangkul pinuh kanyaah, méré bongbolongan pikeun hirupna.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s