Diserat Ku Ikhsan Gumelar

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # KI LAPIDIN (27) : Nu Dianti #

Saréngsé solat Magrib. Dangdan najan basajan. Nyi Dasih. Paroman hégar. Marahmay.
“Engké wengi akang dongkap ngadeuheus tuang ibu nya!” ceuk Lapidin, tadi bada asar.
“Maksad?” Dasih api-api can ngarti. Lapidin ukur seuri bari neuteup anteb. Leleb. Dasih ngeluk. Pipi dumadak ngayas. Nambih geulis.
“Muhun…?” Dasih unggeuk. Angger bari tungkul.
Dur Isa. Nyi Dasih rérés dangdan. Dikabaya pulas bodas sahéab. Samping polékat semu soklat, payus jeung cindungna. Sababaraha kali rut rét dina jandéla ka imah Lapidin. Karasa lilana waktu téh ari keur nganti mah.
Nu dianti teu burung sarumping. Lapidin, Si Jalu jeung akina. Mitoha Lapidin nu awéwé mah méméh Lapidin jadi urang Subang gé tos maot.
“Kitu geuning pamaksudan Si Akang téh Nyai. Ema mah kuma Nyai wé nu rék ngabadanan..!” Luk. Dasih ukur tungkul. Haté mah bungangang. Bagja. Tinekanan. Song. Dua leungeun Dasih nyolongkrong. Ngahiap.
“Mbuuu…!” Si Jalu pindah kana pangkuan Dasih. Bangun tingtrim. Pinuh kaasih. Dikeukeup deudeuh.***

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s