Diserat Ku Ikhsan Gumelar

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # KI LAPIDIN (26) : Muguran #

Alahhbatan diturih hinis. Peurih. Nyeri, nyeuit sanubari. Nyi Odah. Peunggas harepan. Kembang nu sumedeng ligar, dumadak marékplékan. Muguran. Imut lir dipupul bayu. Nguluwut. Mun teu diburu pangabutuh mah, moal ieuh dadasar muka warung sabihari. Rérés bébérés.
“Assalamu’alaikum…!” Gebeg. Rey. Beungeut Odah ngadadak pias.
“Waalaikumsalam… Kang Lapidin?” maksakeun soméah. Cawérang.
“Kunaon Nyi..? Ning énjing-énjing nguluwut kitu?” Lapidin malédogkeun imut. Rék ka huma, ngadon ngopi heula. Odah rada malieuskeun beungeut. Teu mairan. Samar polah. Haté teu bisa dibohongan. Gudawang. Marudah. Nyoba miceun semu. Angger jamedud. Bari rada seunggah gé ngajakna, Odah ngabéjaan rék manggung deui malem Ahad ieu, hareupeun Gedong Societet.
“Bilih akang badé ngersakeun sumping, diantos. Kitu gé pami diwidian ku anjeuna panginten, nya…?” ceuk Odah bangun teunangan.
Koloyongna Lapidin dianteur ku piceurikeun nu geus nyelek na tikoro.
“Kang…, wartosan abdi nya!” Lapidin ngalieuk. Teu nunggu jawaban. Beretek Odah ka kamer. Nyuuh. Ngagukguk. Bantal gejah ku cimata.***

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s