Diserat Ku Herdi Pamungkas

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Nu Dikerem di Gudang #

Blug. Awak uing dibalangkeun. Nyangsaya luhur sofa butut. Teu kungsi lila kalayang deui nu sanasib. Geus pasti nu anyar datang nindinhan awak sorangan. Teu bisa ngejat suku katut awak ngalaman tatu parna. Sungut jeung tarang buncunur. Bek. Cénah. “Aduhhhh,” cekéng. “Hampura, Lur!” cénah. Geblug. Panto gudang dibantingkeun. Ceklék dikonci ti luar. Sora sapatu ngajauhan. Kaayaan jadi poék. Rohangan nu diwangunku témbok beton taya lolongkrang pikeun asup cahaya. Uing dihijikeun jeung barang-barang nu dianggap rongsokan, kawasna. Beurit ricit. Karasa patinggarajleng muru awak, mejéran, modolan. Ayaku téga. Naon salah uing? “Sabar, Lur, teu kudu sedih. Tarimakeun anggur,” cék batur sanasib. “Dupi sadérék saha?” cekéng panasaran. “Ih, naha maké nanya kitu? Pan nu harita gigireun, Dulur!” jawabna. “Gigireun?” cekéng. Nginget-nginget kajadian. Bener da nganduaan nu ngalaman nasib digubragkeun teu puguh-puguh téh. “Akang,” cekéng. Ti dinya. Jep. Jempling. Tibra. Nyaring téh kagareuwahkeun. Sora ragaji mesin. Gurilapna bedog. Katojo matapoé.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s