Diserat Ku Hadian M Sulaeman

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Kongkalikong #

Saméméh piriwit perang ditiup. Imah manéhna nu resik, didatangan hiji inohong kleub, nu rék adu jajatén, ngetrukkeun sagala pangabisana. “Mang, omat! Éléhkeun Si Éta! Kleub uing, kudu meunang!” omongna nyéréngéh seuri, mikeun amplok bodas. “Mangga! Sim abdi gé, kirang resep!” némbalan bari nampa panyogokna.

Wanci sareureuh gaang. Di tengah lapang, nu kurang hadé jukutna. Manéhna, niupkeun piriwitna tarik naker. Si Bulao jeung Si Konéng, anu geus tatan-tatan ti anggalna. Mimiti silih tajong, silih babuk jeung silih sébréd, nandonkeun harga dirina. Manéhna ukur nénjo, teu misah anu bégalan pati. Babak kahiji lekasan. Sarwa kuat, tacan aya nu ngajurahoh.

Piriwit ditiup deui, ku manéhna. Serenteng Si Konéng najong Si Bulao. Tajonganana keuna pisan mamaras. Lir kapuk kaibunan. Si Bulao, nyangsaya taya tangan pangawasa. Babak kadua ampir lekasan. Manéhna atoh? Dumadakan. Si Bulao, nguniang hudang. Sebrut sésébréd bari neunggeul satarikna. Teu nyangka sacongo buuk. Si Konéng, nu dibélana ceurik getih. Ngibarkeun bandéra bodas!

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s