Diserat Ku Hadian M Sulaeman

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Anteur Abdi! #

Wanci disada rorongkéng. Ngadapang dina samak salambar, di hareupeun tipi. Panon tacan reup peureum. Jongjon lalajo bola. Meumeujeuhna ramé. Dumadakan. Kadéngé sora pamajikan nyalukan ti kamer. “Paaah! Wayahna. Ayeuna anteur abdi!” Kuring, teu waka némbalan. Pikir téh, boa pamajikan ngalindur?

“Iiih nya, dipiwarang téh teu ngawaler! Papah, kersa teu nganteur abdi?” omong pamajikan bari nyampeurkeun. Ngarérét ka béh tukang. Gebeg, reuwas! Ningali pamajikan bet béda ti sasari. Kuniang hudang. “Badé ka mana, Mah? Wengi-wengi miwarang jajap!” némbalan bari neuteup seukeut. “Pokona Papah, siap-siap! Mamah hoyong masihan kejutan!” Pamajikan, sup deui ka kamerna. Ningali ringkakna. Kuring, nyéréngéh seuri laju nuluykeun hanca lalajo.

“Papah, hayuuu! Mamah tos siap!” Pamajikan norojol ti kamer. Ningali kuring anteng lalajo. Pamajikan ambekkeun. “Papah, éhois! Geuning tacan siap!” Pamajikan jamedud. “Hoyong dijajapkeun ka mana. Dugem? Ka pasar? Ka rumahsakit atanapi badé jalan-jalan?” cékéng bari seuri, ningali pamajikan dimukena. “Sanés, Pah! Anteur abdi, nyandak tikét ka surga!”

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s