Diserat Ku Érwin Wahyudi

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

FIKMIN # Laleur Héjo #

Nyérangkeun patalimarga dayeuh manéh, dina trotoar nu keur dalit jeung kekebul. Enya, dayeuh nu kungsi natratkeun manglaksa carita, dina hiji mangsa nu sampurna. Brrr… Brrr… Saabrulan laleur héjo luhureun sirah. Saprak kapihapéan salambar kapeurih ti manéh, saban waktu téh tuluy didodoho ku maranéhna, nu hayang ngagembrong kana harigu.

“Aing téh can paéh…! Nyaringkah, siah!” digebutan ku sarung pamungkus awak. Ngajarauhan sakeudeung mah. Bongoh saeutik rabeng deui. Angger, ngincer kana harigu. Matak aral. “Garoblog, satéh…!” leungeun pakupis. Nu lalar liwat réa nu tingséréngéh; nu ngarérét bangun geuleuh; aya nu mengkék irung; dalah teu saeutik nu rerempodan mah.

Kabeurangnakeun. Langit dayeuh manéh dumadak poék. “Hakan tah polo aing sakalian!” nunjuk langit. Jutaan laleur héjo narutug. Ngaguruh handaruan. Brrr… Brrr… Napuk harigu. Ngabulen. Nyeuseup mangpirang kalangkang bihari. Taya nu disésakeun hiji ogé ku si bangsat téh! Ranjang pangantén jeung impianana, imut ngirut katut rangkulan geugeut nu manéh, ledis dikerid. Harigu uing gorowong!

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s