Diserat Ku Eni Setiani

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

FIKMIN # POÉ NU CAMBÉWÉK #

Hujan ti lohor kénéh ngeureuyeuh maseuhan taneuh. Bada Asar, budakna can mulang ti sakola agama, pon kitu deui salaki nu usahana dagang és cingcau.

Sééng nu cameubleu di luhur hawu geus ngageroan. Ceu Mimi rumpu-rampa kana saku kutangna, teu sapésér-pésér acan. “Aya-aya cai, jangeun nginum.” Gerentesna. Gur, mirun hawu.

Wanci geus reup-reupan, “Bapa uih, Ma…!” Didi giak mapagkeun bapana nu rancucut. Cag, tanggungan nu masih menod di hareupeun imah. “Ngebak heula, Kang!” Ceu Mimi ngasongkeun anduk.

Réngsé mandi, ngariung di tengah imah. “Beubeunangan téh boro-boro bati. Ngaladanganana gé ngan lima gelas. Tah, lima rébu! Isukan mah rék nyobaan ngadagangkeun peuyeum nu Pa Haji Sadéli!” Bapana ngasongkeun duit ka Ceu Mimi.
“Ngiringan wé abdi mah, Kang!” jawab Ceu Mimi.
“Ayeuna emam naon atuh, Ma?” ceuk Didi bari nyekelan beuteungna nu kukurubukan.
“Urang nuang itu wé nya! Artos ieu, kanggé énjing, urang pésérkeun béas!” jawab Ceu Mimi bari ngojéngkang, nyokot cingcau sésa dagangan salakina.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s