Diserat Ku Aan Abdulloh

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Nu Leungit Peutingan Ngajuru #

Usim muka panto. Hiuk angin nebak. Cempor kakalicesan. Brug panto nutup. Ikah ngagolér na babaléan. Nyanda kana anggel nu ditumpukeun. Katuhueunna, Imas anakna ngusapan beuteungna nu bureuyeung.

“Néng, hurungkeun deui cempor nu luhureun méja!”
Imas gura-giru nyeungeut deui cempor. Tengah imah mabra. Kacaangan dua cempor.
“Ma, geuning lila Bapa téh?”
“Pan jauh lembur indung beurangna. Kudu ngaraas wahangan.”
Jep, Imas jempé. Séor-séor sada angin ngoyagkeun dangdaunan. Cungungung ajag babaung tonggoheun lembur. Imas murungkut. Ngadeukeutan indungna nu teu eureun ngadu’a. Wanci geus liwat tengahan peuting.
Nincak wanci janari. Kurutak Usim datang. Ngiringkeun indung beurang.
“Néng, pareuman wéh cempor nu éta mah.” Usim nitah Imas. Cempor dipareuman. Cémpor nu hurung nyésa hiji. Reyem-reyem. Indung beurang nukangan cempor. Beungeutna teu sidik.

Teu sawatara lila goar sora orok. Ngajuru lungsur-langsar. Réngsé mandian jeung ngabedong orok. Indung beurang teu kecét-kecét.
Lol, Usim ti lawang panto.
“Nyi, akang rék nganteurkeun paraji.”
Jrut, Usim turun ti imah. Ngiringkeun indung beurang.
“Ma, geuning indung beurang téh ramona laléncop. Ngora kénéh kituh?” Imas haharéwosan ka indungna.
Ikah ngahuleng. Ras ka anakna indung beurang nu anyar ngaranda.
Ikah nginghak kasubuhnakeun. Usim teu embol-embol.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s