Diserat ku Tiktik Rusyani

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Nu Satia #

Unggal ngarasa tunggara, unggal aya hujan cimata. Sok jol nu nemonan dina impian. Datangna bareng jeung angin nu humiliwir. Tara elat nangkeup jeung ngusapan kana buuk. Teu weleh bari imut. Siga nu ngarti kana kapeurih ati. Saha atuh manéhna téh? Jirim nu satia mapaés impian. Nepi ka lamun hudang téh siga nu gundam, néangan manéhna dina unggal juru, dina satukangeun lalangsé. Bet sok asa kaleungitan.

Sore nu simpé. Ngangin di balkon. “Where are you, cherry red..!” Lagu dina headset diturutan, bari ngetéh. Kop kana black forest. Reuwas, naha kari satengahna deui? Hémeng, sidik di imah keur nyorangan. Barudak sarakola, salaki kilir ka nu ngora. Kaangseu seungit malati. Jol ruy-rey. Gancang turun muru téras handap. Aman. Loba nu lalar liwat. Kadieunakeun di imah téh asa loba nu aheng.

Peuting siga sasari. Ngimpi manéhna deui. Reuwas kareureuhnakeun. Masih kapireng sorana dibarung imut, “Black forestna raos pisan…”

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s