Diserat ku Nak Kurniawan

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Can Mayar #

“Gedé… Panjang… Gedé… Panjang… !!”, calo maceuh jojorowokan.

“Arék maju moal ieu téh, Pir?!”. Supir norék hahaleuangan.

Pinuh ku pinuhna, mugen kénéh da can pajejel. Pasesedek. Dapon antel diuk gé, kuring nimbir kadempét, cangkeul mantén. Tapi teu burung maju angkot téh.

“Punten ongkosna… Ongkosna…”, karék gé laju limalas menit, calo nu jadi kenék dadakan nagihan ongkos, sung-song, crung-créng, uman-imen, élékésékéng. Peledek…

Nya hangru nya pengar, ngulikbek minuhan unggal irung, nu bersin, nu batuk, kabéh gegebis mengpekan irung. Eungap, kaca pered hésé digésér.

“Punten ongkosna… Ongkosna… Punten ah, nu nembé bobos can mayar tah!” ceuk kenék rada tarik.

“Gagabah! pan enggeus tadi, malah can dipulangan!”. Beu! kalepasan. Mangkaning jauh kénéh ka tujuan. Asa teu beungeutan. “Kiri payun!!”.***

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s