Diserat ku Neneng Yatikurniati

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # Ngagak-gak jeung Ngaguk-guk #

Nilik-nilik lalaki nu dikaméja bulao jeun di-blue jeans, nu keur diuk di bangku ruang tunggu pangadilan agama. Asa teu bireuk. Saha? Ngadeukeutan. Pateuteup-teuteup.
“Tika?” Nunjuk.
“Muhun. Kang Dadang?” Ngayakinkeun, sab jauh jeung panyangka. Nu kabayangkeun mah, manéhna bakal leuwih gandang tibatan baheula. Geuning bet jiga nu ripuh.
“Leres. Naha Tika di dieu? Badé pipirakan?”
“Hus! Abdi mah badé ngurus hibah. Lebar kedah pipirakan sareng Kang Sholéh mah. Sesah milari gentosna. Limited edition.” Heureuy, bari enya. Syukur pisan boga salaki nyetél jeung ngaranna.
“Sumuhun. Kedah dipupusti.” Ngabéléhém.
“Kakang badé naon? Ngurus hibah ogé?” Alus sangka. Gideug. Derekdek, manéhna ngalalakon bangbaluhna salila rumah tangga. Katunggara. Pamajikanana, cenah kabur jeung salaki batur. Ukur ngabandungan bari mésem. Pohoeun yén sababaraha taun ka tukang, manéhna nyababkeun kuring ngaguk-guk, manéhna ngagak-gak. Ayeuna manéhna nu ngaguk-guk, tapi kuring moal rék ngagak-gak.

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s