Diserat ku Ade Satia

Dina Lapak
Fiksimini Basa Sunda

Facebook photo

Fikmin # PUTRI MANALIKA #

Ampir sareupna, mulang ngantor. Rérés ucul-ucul, gep kana émbér jeung selang cai, maksud rék ngumbah mobil nu lagedu pinuh ku kekebul. Handapeun tangkal manalika nu linduh.

Keur jongjon ngelapan kaca hareup, aya nu noél kana punduk, dirérét, euweuh sasaha. Teu ditolih, rarasaan meureun, ceuk pamikir téh. Gesruk deui nuluykeun hanca, teu kungsi lila hiuk aya angin nu nebak kana ceuli, nyelecep leuwih ti misti, mimiti bulu punduk carengkat, rarasaan tingsariak. Neger-neger manéh, kagok gawé.

“Kaaang…!” aya nu ngaharéwos nampeu pisan kana ceuli, dirérét, angger euweuh sasaha. haté jadi gimir, punduk ngajewid, bujur ngadak-ngadak asa méotan. Gajleng, muru panto, teu sirikna notog-notogkeun manéh. “Aya naon, Pa?” Eulis norojol ti dapur, semu reuwas, “Aya ju…rig.” cekéng bari tutunjuk, “Ah, Bapa mah ngalindur. Cik hayu sareng Ibu.” Eulis nungtun ka tempat nu dituduhkeun.
Jrut ka buruan, dina tangkal manalika aya awewe keur ucang angge, panonna ngadelék, ngajéngkat bari nyarita, “Eu…h, mawa satpamna, aingah.”

Iklan

tulis

Please log in using one of these methods to post your comment:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s